WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI CAMPAKA - Di Kecamatan Campaka Magelarkeun Workshop PKB


Di Kecamatan Campaka
Magelarkeun Workshop PKB

CAMPAKA – Warta Sunda Onliné,
KULAWEDET Widang Atikan UPTD Pendidikan Kecamatan Campaka magelarkeun kagiatan Workshop Pengembangan Keprofesionalan Berkelanjutan (PKB) kalayan jejer nu dilumangsungkeun téh "PUBLIKASI KARYA TULIS ILMIAH" salila tilu poé, ngan waktuna béda waktuna nyatana mimiti dibuka ku Kepala Disdik Kabupatén Purwakarta, H. Purwanto, M.Pd dina poé Juma’ah ping 22 Fébruari 2019 di SDN Campala Kecamatan Campaka, dugi ka poé Ahad 24 Fébruari 2019.
Kepala Disdik Kabupatén Purwakarta, H. Purwanto, M.Pd, netelakeun pihana ngabagéakeun pisan kana ieu kagiatan nu aya hubungan jeung atikan, komo keur ngaronjatkeun kompetensi guru. “Sapanjang bisa leuwih ngamajukeun atikan, pamaréntah ngarojong pisan,” pokna. Ku digelarna PKB, guru bisa leuwih kompeten dina ngajar. “Mugi sarengsena PKB guru bisa leuwih asak dina metodologi pangajaranana,” pokna deui.
Anu ngeusi kagiatan PKB ti perawiklan STKIP Purwakarta, Ihsanul Kamil,M.Pd, Bambang Irawan, M.Pd sareng Very Sukma Firmansyah, M.Pd. Dia hal ieu mah, ceuk Ihsanul Kamil,M.Pd  ieu kagiatan téh luyu ti Kemendikbud RI, Mugia guru-guru nu milu aub dina PKB kanggo ngaronjatkeun kamampuhan dina ngajar. Ieu PKB dilaksanakeun mandiri bari teu nyuhunkeun bantuan ti pihak pamaréntah,” pokna.
Ceuk Ketua K3S SD Kecamatan Campaka, SAIP, S.Pd, nyebutkeun ka Warta Sunda Onliné dilokasi acara poé Saptu, (23/2), ceuk dirina tina PKB bisa meunang metoologi atikan. “Ieu kagiatan ngadidik guru sangkan bisa ngawasa materi pembelajaran nu ditepikeun ka para muri di sakola,” pokna. Ditétélakeun taun ayeuna acara PKB téh ku dana udunan, lain tina bantuan dinas atawa tina APBD.
Éta kagiatan téh ngarupakeun wujud nyata tina gawé bareng Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta jeung pihak STKIP Purwakarta sarta K3S Kacamatan Campaka.
Sedengkeun pamilion nu milu aub téh dina workshop publikasi karya tulis ilmiah sakacamatan Campaka, hadir 82 urang pamilon nu ngawengku 18 urang Kepala SD sarta  64 urang guru.*** Anto Sukanto.


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN TI CAMPAKA - Di Kecamatan Campaka Magelarkeun Workshop PKB"

Posting Komentar