WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

SDN Cijaya Juara UMUM - Pentas PAI Tingkat Kecamatan Campaka Kab. Purwakarta Tahun 2019


SDN Cijaya Juara UMUM
Pentas PAI Tingkat Kecamatan Campaka Kab. Purwakarta Tahun 2019

“Ajang minat bakat barudak mah bisa ditingali dina kagiatan saperti nu dilaksanakeun ku PAI Kecamatan Campaka, parantos magelarkeun kagiatan Pentas PAI Tingkat Kecamatan Campaka, malah témbong pangabisa peserta didik.”




CAMPAKA – Warta Sunda Onliné,

A
GENDA nu maneuh dina unggal taun, sok aya kasapukan stake holder dina ngalumangsungkeun saniskara kagiatan di unggal kecamatan, kabupatén, provinsi katut tingkat nasional. Dina hal ieu mah kiprahna nu dihandap nyatana tingkat kecamatan nu paling rongkah dina ngayakeunna.

PENTAS PAI 2019 di Kecamatan Campaka dina poéan Rébo, ping 13 Pébruari 2019 parantos magelarkeun kagiatannana nu dipuseurkeun di SD Plus Araudhah, UPTD Pendidikan Kecamatan Campaka Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat.

Acara nu samodél kitu téh hasil gawé bareng antara pihak Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S) sareng KKG PAI, Pengawas PAI katut UPTD Pendidikan Kecamatan Campaka. Pihak panitiana téh Ketua Pelaksana Kegiatan Lomba Pentas PAI Tingkat Kecamatan Campaka Ade Burhanudin, S.Pd.I. kitu ceuk Saip, S.Pd nalika dikonfirmasi ku Warta Sunda Onliné dina HP na, Senen, (18/2).

Lomba Pentas PAI ieu tujuannana “mengembangkan minat bakat dan kemampuan siswa-siswi serta Pentas PAI ini juga merupakan ajang ekspresi peserta didik untuk mempersiapkan generasi berakhlak mulia. Sedengkeun lombana ngawengku diantarana lomba Qasidah, Pildacil, Hipdil Qur'an (hafalan/talaran), MTQ, Kaligrafi, Praktek Solat sarta Cerdas Cermat Agama Islam.
SDN Cijaya Jadi Juara Umum Pentas PAI Tingkat Kecamatan

Sedengkeun SDN Cijaya Menjadi Juara Umum Pentas PAI Tingkat Kecamatan Campaka. Ngawengku pialana téh diantarana 1. Perlombaan Qasidah : (Juara I); 2. Perlombaan Kaligrafi : (Juara I Putra); 3. Perlombaan Cerdas Cermat Agama Islam : (Juara II); 4. Perlombaan MTQ : (Juara I Putra) (Juara II Putri); 5. Perlombaan Pildacil : (Juara III Putri) (Juara harapan I Putra); 6. Perlombaan Hipdil Qur'an (hafalan) : (Juara Harapan II Putra) sarta 7. Perlombaan Praktik Sholat.*** AS

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SDN Cijaya Juara UMUM - Pentas PAI Tingkat Kecamatan Campaka Kab. Purwakarta Tahun 2019"

Posting Komentar