Cabor Bulu Tangkis jeung Oltrad “Hadang” - Ditargetkeun ku SDN 2 Malangnengah katut SDN Sukamaju Sukatani
Cabor Bulu Tangkis jeung Oltrad “Hadang”
Ditargetkeun ku SDN 2 Malangnengah katut SDN Sukamaju Sukatani
Kepala SDN 2 Malangnengah poto bareng Neng Annggita Cahaya Laluna
SUKATANI – Warta Sunda Onliné,
S
|
ATAUN deui keur SDN 2 Malangnengah dina nargetkeun Cabang Olahraga Bulu
Tangkis Tingkat Kabupatén Purwakarta jeung Tingat Provinsi Jawa Barat. Nilik
tina siswana Néng Anggita Cahaya Laluna siswa kelas V. Taun payunna mah geus
kawates ku umur dina lomba Olimpiade Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN).
Pon kitu deui keur SDN Sukamaju mah nargetkeun Olahraga Tradisional (Oltrad)
Hadang, lantaran geus biasa jadi jawara di Tingkat Kabupatén Purwakarta jeung
Tingat Provinsi Jawa Barat. Sok sanajan di Provinsi mah kamari 2018 urutan ka
10 widang Hadang.
Dua SD boga target téh, minangka geus ka uji dina mintonkeun widangna masing-masing,
poma nepika jadi wawakil di tingkat kabupatén mapag lomba di tingkat provinsi.
Kitu ceuk dua urang Kepala Sakola nalika ngawangkong jeung Warta Sunda Onliné di sakolana sewang-dewangan (12/2).
Kepala SDN 2 Malangnengah Kecamatan Sukatani, Kosasih Soleh, S.Pd.I, Inyana
saparakanca jeung guru nu lainna masihan suport ka Néng Anggita Cahaya
Laluna, “Pédah, budak nu préstasi dina Bulu Tangkis ieu masih aya kénéh kasempetan
keur tandang, taun payun mah geus ngalewatan umur,” pokna.
Kepala SDN Sukamaju Kecamatan Sukatani, Saéfulah, S.Pd.I, nargetkeun Hadang
Lain deui ceuk Kepala SDN Sukamaju Kecamatan Sukatani, Saéfulah, S.Pd.I, “Mudah-mudahan taun ayeuna mah
asup 5 besar, malihan miharep nepika Juara I.”
“Meungpeung aya kénéh waktu, barudak na unggal poé beres sakola, lalatihan
diburuan sakola, kituna gé dibingbing ku Imas Suwarsih, S.Pd dina latihan. Ngan
tetep ngacu kana juklak-juknis taun kamari,” pokna Saéfulah nalika nirukeun
omongan guruna ka Warta Sunda Onliné.*** Anto
Sukanto.
0 Response to "Cabor Bulu Tangkis jeung Oltrad “Hadang” - Ditargetkeun ku SDN 2 Malangnengah katut SDN Sukamaju Sukatani"
Posting Komentar