WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

DISKUSI SASTRA LBSS KA-1 - "Sastra dina Média Sunda"


DISKUSI SASTRA LBSS KA-1
"Sastra dina Média Sunda" 

BANDUNG - Warta Sunda Onliné
M
édia Sunda nu dimaksud téh nyaéta kalawarta nu ngagunakeun basa Sunda, anu jumlahna teu pati réa. Ari kahananana mah geus lila aya di lingkungan masarakat Sunda, siga majalah Manglé jeung koran Galura. Lian ti jadi média informasi, média Sunda ogé milu ngahirupkeun karya sastra. Geus kabuktian deuih yén éta karya sastra téh dipikaresep ku nu maca minangka panglipur sarta milu nyumbang kana kabeungharan hasanah kasusastraan Sunda modérn. Keur média Sunda, karya sastra téh ogé jadi pélét keur narik nu langganan. 

Cindekna, karya sastra téh di média Sunda mah jadi mustika. Tapi kiwari dina jaman nu sarwa digital, naha karya sastra di média Sunda téh masih dipaliré, jadi panglipur, atawa dianggap penting kénéh kalungguhanana? Sok komo apan karéréanana média Sunda téh napak kénéh dina tradisi konvésional (citak).

Ku kituna jadi penting pikeun urang mikanyaho kumaha kawijakan rédaksi dina merenahkeun karya sastra di médiana masing-masing. Pamungkas, kumaha saéstuna kalungguhan sastra dina média Sunda?

Pikeun medar éta pasualan, Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) ngaliwatan Widang Sastra rukun gawé jeung Pusat Studi Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (PSBS Unpad) seja ngagelar diskusi kalayan jejer "Sastra dina Média Sunda". 

Ka sugri anu kataji, sumangga sumping waé dina waktosna. Informasi lengkepna mangga uningaan dina poster. Haratis.
Hatur nuhun.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DISKUSI SASTRA LBSS KA-1 - "Sastra dina Média Sunda" "

Posting Komentar