WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

CARBUNG CINTA Bagean ka-4 - "KABELEJOG ASIH" YASANA ERNI WARDHANI

*Kabelejog Asih*
(Bagean ka-4)


Ku: Erni Wardhani


Saprak kajadian nimu dompèt, kuring jeung pamajikan Pa Irfan jadi deukeut. Sok remen nga WA ogè. Mimitina mah, biasa wè ukur basa basi. Kadituna, asa jadi sok curhat. Nya, mimiti mah, biasa wè, teu pati kaganggu. Lila-lila ari unggal usik curhat mah, lumayan leneng ogè. Mamah Dèdèh lain.
Komo curhatna tèh, mun bari ngajak kulinèr. Sakali dua kali, atoh jeung resep. Lila lila enek. Bosen kudu ngadangukeun curhatan salakina anu galak, remen nyiksa, KDRT. Percaya teu percaya, sih, ningali tongkrongan dedeg salakina anu bangun ngajaga wibawa mah. Boraah mèrè papatah, da kahirupan rumah tangga kuring jeung si Papah gè, ayeuna mah asa keur camplang.
"Tèh, aya acara, teu... jalan-jalan,yu...." néng Sari, pamajikan Pa Irfan nga WA.
Hayang teu hayang sih, sabenerna mah. Hayang, da di imah gè asa kareuheul waè Ka si Papah. Teu hayangna, cepil sieun didedet dedet obrolan curhat manèhna. Tapi tungtungna kuring nyanggupan. Néng Sari rèk nyampeur jam 10-an. Aya waktu sajam jang siap-siap indit.
Jam anu ngagantung di témbok, geus ampir rék jam 10, kuring buru-buru nyokot sendal dina rak sapatu. Ngahaja milih sendal anu rada jangkung, ngarah modis.
"Kamana, Mah... bangun rurusuhan." Papah nanya bari rada kerung némpo kuring anu bangun gurung gusuh.
"Mamah rèk jeung Néng Sari, ulin, Pah." gep leungeun salaki dicokot, tuluy dicium saperluna. Basa basi.
Papah teu nyaram. Tapi ngilu cengkat, nuturkeun kuring ti tukang.
Tidiiiiiiid.
Sora klakson mobil Jazz warna konéng èlèktrik nididan ka lebah imah kuring. Lalaunan kaca mobil diturunkeun. Kasampak Néng Sari unggeuk bari seuri. Geulis pisan. Kuring satengah lumpat moro mobil manèhna.
"Bapaaaa... tètèhna ditambut, nyaaaa..." sora Néng Sari balap jeung sora mesin mobilna.
Papah unggeuk, katémpo ku kuring anu geus aya na jero mobil.
"Tèh, bageur si Papah mah, nyaaa."
Kuring ukur seuri.
"Kamana ayeuna, Neng?"
"Sok kamana atuh... urang facial, yu, tèh, ngarah jadi kinclong..." leungeun Néng Sari lincah, nu kènca kana setir, anu katuhu ngorèk tip, nèang lagu.
Lalaunan sora Si Raisa anu halimpu minuhan rohangan. Karèk gè 4 menitan, kirining sora henpon Néng Sari disada. Kuring hideng ngaleutikan volumeu tip. Néng Sari ngajawab yén manèhna keur ulin jeung kuring. Sigana telepon ti salakina. Manèhna makè headsèt.
Teu kungsi lila, sora hènponna ngirining deui. Tuluy nèng Sari uplek, lila pisan. Kadang seuseurian manja, kadang ngajawabna ngodeu, bangun sieun katohyan ku kuring. Bangunna jeung lalaki, tapi lain Pa Irfan.
Kuring api api pèsbukan. Obrolan Néng Sari jeung lalaki misterius sapat nepi ka salon. Sigana mun euweuh kuring, èta obrolan bakal nuluy. Bangun anu keur begèr.
Kuring jeung Néng Sari asup ka salon. Sabenerna kuring mah. Jarang pisan asup ka sulan salon tèh. Malah, bisa kaitung tara. Tapi dipikir-pikir euweuh salahna. Sakali-sakali ka salon. Sok komo bari aya nu mang mayarkeun. Katémpo palayan salon, bangun nu geus dareukeut pisan. Teuing basa basi, teuing lain. Lumayan ngantri ogé, ngadagoan giliran tèh. Meunang nomer lumayan rada ngangkleung. Salila ngadagoan giliran, Néng Sari teteleponan deui. Bangunna jeung nu tadi.Uplek deui, mamanjaan deui, seuseurian sorangan deui. Kuring ukur hokcay. Eureun-eureun tèh, pèdah si tètèh salon ngageroan. Kuring noèl leungeun Nèng Sari bari ngodeu ku monyongkeun biwir. Néng Sari cengkat, tuluy ngagolèdag kana kasur, pagèdèng gèdèng jeung kuring.
Pipi, irung, jeung tarang karasa mimiti aya anu ngolèsan ku krim anu seungit malati. Lalaunan, bari dipencetan. Tuluy karasa kapas disusut-susut kana pipi. rileks, nepi kasarèan. Lilir sotèh pèdah Néng Sari geus ceuceuleukeuteukan sorangan deui waè. Kuring mimiti teu resep, tapi can wani ngageuing. Lain nanaon, bisi kasinggung, bari can puguh jeung kabogohna atawa ukur babaturan curhatna. Matak can wani gè. Bener ogè, bèrès difacial mah, rarasaan tèh beungeut asa kinclong. 
Waktu rèk mayar, Néng Sari hideng mangmayarkeun. Lain duit saeutik padahal mah. Kuring cicing. Atoh teu atoh, sok sieun jadi hèsè bales budi.
Mobil diarahkeun ka rèstoran. Kuring teu loba ngomong. Waktu sup, aya lalaki ngora bangun geus ngadagoan tiheula. Dedegan ciga pamaén sènètron, urut kabogoh si Laudya Cintya Bella. Pèdah teu gondrong. Umurna 27 taunan. Manéhna uluk salam. Tuluy cipika cipiki. Kuring hokcay deui waé.
Cag

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "CARBUNG CINTA Bagean ka-4 - "KABELEJOG ASIH" YASANA ERNI WARDHANI"

Posting Komentar