Bewara
BEWARA
Ati-Ati
ku Oknum Meng-Atasnamakan
Tim
Verifikasi Bangunan
Warta
Sunda Online,
Geus ilaharna mun dina tiap sakola nu
meunang bantuan sok jadi sumber target keur oknum pikeun néangan kasalahan,
dengan dalih salahna matrial, kurang itu-ieu jeung sajabana. Kajaba bari jeung
nirukeun lagana kawas mandor. Sabenerna mah rék dikumah-kumaha ogé, dina tiap
pangwangunan sakola luyu sareng bistek jeung arahan ti pihak terkait. Kari-kari
ieu mah sok disalahkeun bari jeung teu apal jujutanna.
Ungkara di luhur éta di resahkeun ku warga
atikan di wilayah kerja Kecamatan Kiarapedes. Malihan ngarasa resah ku ayana
oknum meng-atasnamakan Tim Verifikasi Bangunan. Bari jeung luhak-lohok ka
unggal sakola. Untungna di wewengkon Margaluyu cepat tanggap alias sigap, oknum
samodél kitu rikat pihak sakola jeung warga rék naréwak ku oknum éta. Kitu
dijelaskeun ku Yasin (42) warga Désa Margaluyu Kecamatan Kiarapedes, Kabupatén
Purwakarta ka WSO Via WA.
Dina kasempetan éta ogé, Pihak UPTD
Pendidikan Kecamatan Kiarapedes, Cécé Husni ngabenerkeun ayana oknum
luhak-lohok ka sakola. “Mun, katéwak pihakna rék dipasrahkeun ku nu berwajib,”
pokna.
Ku kituna ka sakuma warga atikan
sa-Kabupatén Purwakarta, bilih aya nu dongkap ka unggal sakola nu meng-atas
namakan tim verifikasi bangunan, éta téh oknum. Malah kudu ditanya identitas
boh Surat Tugas na. Saperti kamari kajadian di SDN 1 Margaluyu, Désa Margaluyu
Kecamatan Kiarapedes, ceuk pihak sakola yén oknum nu wastana Rahmat Effendi
jeung Unang Nurjaya rék ditéwak ku warga.
“Mugia ieu bewara téh, tong nepi ka
kajantenan di Kecamatan bohna disakola sewang-sewangan,” pokna Cécé.*** Redaksi
0 Response to "Bewara"
Posting Komentar