WARTA TI KEMENAG
Ceuk Kepala Kemenag Purwakarta :
Pelajar Muslim Perlu Kurikulum Manasik Haji
Kepala Kemenag Kabupatén Purwakarta, Drs. H. Tedi Ahmad Junaédi, M.Si,
Warta Sunda Online,
Manasik haji pikeun umat Islam mah, lain saukur méré simulasi ka calon jama’ah haji nu baris miang ka
tanah suci Mekah. Tapi pikeun nambahan élmu ngeunaan atikan syariah Islam nu kudu wanoheun ka nonoman pelajar muslim.
Dina hal ieu Kepala Kementerian Agama (Kemenag) Kabupatén
Purwakarta, Drs. H. Tedi Ahmad Junaédi, M.Si, ngajelaskeun yén kurikulum manasik haji mangrupakeun pangajaran hikmah tina ajaran Islam. Hikmah nu pang utamana tina manasik haji. Nyaéta apal kana syariah Islam nu sabenerna, pokna Tedi ka Warta Sunda Online, Jumaah, (16/11/2018) dirohangan gawéna.
Tedi netelakeun dina dunnya atikan Islam téh, yén simulasi manasik haji geus
jadi kurikulum anu paten. Komo deui dina ngalaksanakeun manasik
haji, lainn saukur jelema nu rék jarah ka tanah suci, tapi
barudak sakola RA katut Madrasah Tsanawiyah. “Mung pelatihan jeung simulasina, diwajibkeun keur pelajar anu muslim. Ngan tetep kewenangan jeung kabijakan mah ti pihak sakolana
sewang-sewangan,” pokna. (Naurid)
BalasTeruskan
|
0 Response to "WARTA TI KEMENAG"
Posting Komentar