WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI SAKOLA


Visitasi Penggunaan BOS Triwulan Ke-3
Hasil Gawé Bareng Saréréa
AJÉN inajén Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S) di tingkat SD, keur urusan sakola mah géde mangfaatna. Saperti halna dina tiap rapat nu ditepikeun ku urusan ademik sareng non akademik, urusan koordinasi jeung sajabana. Komo deui nu urusan pakuat-pakait urusan dines.
Kayaning basa kamari tilu K3S ngayakeun kagiatan Visitasi Penggunaan BOS Triwulan ke-3 nu tempatna dipuseurkeun di SDN Campaka Kecamatan Campaka, Purwakarta (8/10). Nara sumber nu masihan materi téh ti perwakilan Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, saperti Kasi Kurikulum & Penilaian, Dede Supendi, S.Pd.I, M.Pd.I, sarta Kasi Kesiswaan & Pengembangan Karakter, Sadiah, M.Pd. kitu ceuk salah saurang K3S SD Kecamatan Cibatu, Dasuki S.Pd (Kepala SDN Cikadu).
“Para pamilon Visitasi Penggunaan BOS Triwulan ke-3 diantarana guru/bendahara tur Kepala SD/SMP di tilu kecamatan, malah dikarcis sagala. Ngarah teu silih sosorobot unggal pamilon, kituna ogé ngagampangkeun keur pemateri nu masihan visitasi Bos. Ajaba ti éta, tilu UPTD Pembinaan SD, Kepala SD/SMP tur Satap hadir nyaksenan Visitasi BOS,” pokna Dasuki.
Sedengkeun ceuk K3S SD Kecamatan Campaka, Saip, S.Pd (Kepala SDN Benteng), pihakna dipasihan kasempetan jadi tuan rumah dina kalumangsungan Visitasi Penggunaan BOS Triwulan ke-3 téh hasil kasapukan antara Kecamatan Cibatu jeung Bungursari.
Lain deui kasauran K3S SD Kecamatan Bungursari, Akhmad Ruhyat, S.Pd (Kepala SD/SMP Negeri Satap Terpadu 3 Cikopo) dipilhna tempat kagiatan di Campaka, ngarah tengah-tengah. Lantaran ti Bungursari ka Campaka Caket, ti Cibatu Caket. “Upami ti Bungursari ka Cibatu komo upami tempatna di SDN Wanawali mah tebih pisan, kajaba Bendahara sareng Kepala SD di Bungursari mah teu pada terang. Kukituna dipilh di SDN Campaka pas pisan.” Pokna Akhmad.***Anto S.

Keterangan poto :
Ti kénca Dasuki, S.Pd (K3S) Kecamatan Cibatu, Saip, S.Pd (K3S) Kecamatan Campaka sarta Akhmad Ruhyat, S.Pd (K3S) Kecamatan Bungursari

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI SAKOLA"

Posting Komentar