PGM Kecamatan Sukatani
Tiap Taun Magelarkeun Muharaman
Dina
raraga ngabagéakeun datangna taun anyar Islam jeung Muharaman, Perkumpulan Guru
Madrasah Kecamatan Sukatani, Purwakarta ngagelar saniskara kagiatan saperti
halna kagiatan sosial méré santunan ka 2 urang siswa nu perlu bantuan. Kitu
ceuk Ketua Panitia, H. Sobari (Ketua Yayasan Al-Wathon – Sukatani) netelakeun
ieu kagiatan téh maneuh unggal taun. “Tujuan utamana salian ti ngudag kana
fadilah Muharaman téh ogé ngalatih ka barudak supaya numuwuhkeun sikep
mikanyaah tur mikaasih ka sasama. Malah kagiatan nu saperti kitu téh pamilonna
ti TK/RA sarta MI sa-Kecamatan Sukatani,” pokna.
Ceuk
salahsahiji RA Miftahul Ulum, Encik Syihabudin nembrakeun rasa kabungahna ku
lumangsungna éta acara sanajan saukur kagiatan anu basajan.
“Komo
nepika Kepala Kemenag Kabupatén Purwakarta ngadongdon tur muka kagiatan nu
saperti kitu, nilik tina hasil gawé bareng ti rengrengan guru-guru jeung kepala
sekolah RA/TK.
Dina
kasempetan éta ogé, Kepala Kemanag Kabupatén Purwakarta, Drs. H. Tedi Ahmad
Junaedi, M.Si, inyana ngarasa reueus yén barudak diwanohkeun kana kagiatan
PHBI.*** (Anto S)
Keterangan Poto :
1,
1
1.
KEMENAG Purwakarta masrahkeun Santunan.*
2.
Salahsaurang Pamilon Lomba Adzan (Mohammad
Asepa Sastra Diwangsa – RA Miftahul Ulum)
Sudah saatnya bangkit dari keterpurukan...
0 Response to "WARTA TI SUKATANI"
Posting Komentar