WARTA TI SAKOLA
Sukses Magelarkeun “Festival Kreasi Anak Sholeh 2018”
Warta Sunda Online,
SDIT Cendekia Purwakarta unggal taun
sok mindeng ngalaksanakeun kagiatan saperti halna kagiatan “Festival Kreasi Anak Sholeh 2018” (17/11) di sakola SDIT Cendekia Purwakarta.
Para pamilon nu milu aub téh pikeun tingkat Taman Kanak-kanak sa-Kabupatén
Purwakarta.
Taun ayeuna nu janten pinunjulna téh ku TK Al-Muhajirin, nyangking Juara
Umum. Kitu ceuk Andri Purwanugraha (kepala sakola) sabada lumangsung kagiatan “Festival Kreasi Anak Sholeh 2018”.
Inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka
para pamilon nu parantos nyukseskeun ieu kagiatan, nu teu acan kenging juara,
mangga taun payun langkung ditingkatkeun deui,” pokna.
Lain deui ceuk Ketua Panitia Ade
Syarifudin, yén lumangsung na ieu kagiatan gawé bareng ti pihak YASRI sareng SD
IT Cendikia.***
Keterarangan
Poto :
1. Ketua
YASRI (DR. H. Agus Muharam) masrahkeun Tropi ka pihak Sakola TK Al-Muhajirin
2. Rengrengan Pihak SDIT Cendekia poto bareng Ketua YASRI sareng pihak TK Al-Muhajirin.
2. Rengrengan Pihak SDIT Cendekia poto bareng Ketua YASRI sareng pihak TK Al-Muhajirin.
.
0 Response to "WARTA TI SAKOLA"
Posting Komentar