WARTA TI TK
Ceuk Ketua IJTKI
Cabang Purwakarta, Léli Nurlaéli, S.Pd
Guru jeung Kasek TK

Hasil gawé bareng jeung Kepala
Sekolah, pihakna sok mindeng ngalaksanakeun saniskara kagiatan, saperti halna
di kantor Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta diayakeun Workshop Guru nu tujuanna
pikeun nambahan kualitas kaprofesionalan guru dina ngatik jeung ngadidik
parapeserta didik.
“Bilih guru sareng kepala sekolah
ngarumaoskeun dina ngatik jeung ngadidik barudak monoton, pihakna ngulem nara
sumber nu kompeten kana widang seni pikeun masihan élmu pangaweruh,” ceuk Léli
Nurlaéli, S.Pd, Ketua IGTKI Kabupatén Purwakarta.
“Katingalna 213 urang pamilon
antusias dina narima materi nu ditepikeun ku nara sumber. Malah ngarasa reueus
ku kakompakan antara guru sareng kepala TK,” pokna.
Lian ti éta, waktu ngalumangsungkeun manasik haji ping 30 Oktober 2018 pamilonna ti umur 4-5 di unggal satuan pendidikan TK.***
Anto
Keterangan
poto :
Ti kénca Léli Nurlaéli, S.Pd nu nyepeng mik, keur
uar pangajak ka guru sareng kepala TK.
0 Response to "WARTA TI TK"
Posting Komentar