CARITA MISTERI
NU MARAKAYANGAN
Anjog ka
hiji gédong, kaayaan tiiseun, ruruntuk wangunan pikasediheun, gédong téh rumah
dinas menéér nu ngajalankeun pamaréntahan Perkebunan kopi, ti kajauhan kénéh
kaciri geueuman.

"Naha
How, manéh sieun kitu?" bari jeung nyengir.
"Lain
kitu, ieu daérah karasana rada geueuman euy, urang kudu ati-ati, bisi nu
ngageugeuh asa kaganggu," témbal Ahow.
"Sieun
mah ngomong weh sieun, ulah loba alesan soteh!" Maman ngadon
ngaléléwé.
"Kumaha
Maman wh, mun geus aya nu noél palangkakan tong nyalahkeun batur nya!"
Ahow rada ambek ogé
"Nyalah,
kalém atuh How, Maman mah heureuy wungkul. Ngan sakali-kali mah hayang weh
panggih jeung nu ngageugeuh di dieu!" témbal Maman beuki sompral.
Lalakon
dituluykeun ka tengah imah nu teu jauh ti dinya, sarua deui, kaayaanana témbokna
teu ka urus, jandela jeung kusén panto pasoléngkrah, lebar kaayaan bangunan téh
teu kaurus, padahal baheula éta tempat téh paranti niis para menéér jeung
kulawargana. Aya kana sajamna Ahow di tengah rohangan téh, da ningalian kaayaan
éta tempat, bangunan jangkung wéwég, kusén jandela jangkung,
hanjakal para imah geus ngarambay, barobo balas kacaian waé.
Sakitu panonpoé geus bijil tatadi ge, kaayaan angger karasa tiris,
tangkal pinus rajeg ampir-ampiran cahaya panonpoé teu nepi ka handap.
Ti kajauhan mimiti kaciri langit melédong hideung pihujaneun, gancang Ahow
kaluar ti éta bangunan, ari rék kaluar kasampak aya awéwé geulis tungkul dina
lawang panto, papakéanna bodas, siga Noni jaman Walanda, manéhna
nangtung nukangan Ahow, "Jurig!!!, gerentes haté Ahow, moal salah
ieu mahkluk nu ngageugeuh ieu bangunan.
Ahow teu walakaya, baturna Si Maman sompral duka kamana, Ahow
lumpat kakamar tukang tungtung bangunan, leketey kasampak Maman keur sila
disuguhan ngopi jeung Aki-aki...
Urang balik Man!!!, punten Aki, kamana jalan uih pang caketna salian ti jalan motong sugan apal kitu?,
"Aya ogé liwat leuweung ngampar Jang, mung rada tebih atuh, saéna
mah kedah aya nu jajap ka ditu mah, ngarah teu sasab. Da sok seueur nu nyasab,
sareng dipahing sompral badé uih jalan kaditu mah!" ceuk Aki-aki tukang
ngurus bangunan éta.
Maman mah
ngadéngé kitu téh nyengir wéh bari nyarita
"Meni
percaya teuing kanu kitu, borangan mah borangan wéh!" manéhna ngaharéwos
ka Ahow.
"Kumaha
Maman wéh, mun aya nanaon tong nyalahkeun!" kuring ngajawab lalaunan ka
Maman, semu keuheul ka Maman téh, jelemana sok sompral waé, jeung merekedeweng,
asa aing pangjagona, teu apaleun Ahow geus ditembongan Menéér Walanda.*** Cag.
Kintunan Asep di PWK
0 Response to "CARITA MISTERI"
Posting Komentar