NYANYABAAN
WALUNGAN CIDOMAS, “THE BLUE RIVER
OF PURWAKARTA”

Kiwari Walungan Cidomas mindeng
dideugdeug ku wisatawan lokal jeung mancanagara, sabab réa nu kairut ku
kaéndahan alamna. Malah Kecamatan Kiarapedes ogé kiwari geus jadi wana wisata
pikeun para turis. Sapanjang jalan saméméh anjog ka Walungan Cidomas, para
wisatawan baris kairut ku kaéndahan alam perkebunan entéh jeung pala, angin
lirih ngahiliwir, sarta hawa anu nyecep tiis.
Sabada anjog ka Walungan Cidomas,
para wisatawan bakal leuwih kairut neuteup walungan anu hérang ngagenclang tur
mireng séahna riak walungan. Para wisatawan ogé bisa sukan-sukan ngojay atawa
silanglang. Sapanjang walungan katémbong batu tingparentul mapaés genclang
walungan. Di sisi walungan katémbong jajaran dapuran awi, matak iuh tur betah.
Anapon caina anu semu biru téh alatan kasorot ku cahaya panonpoé. Lian ti éta,
di Walungan Cidomas ogé aya curug leutik tur gawir tina batu, ngawangun relief
alam anu kacida éndahna.
Walungan Cidomas katelah minangka
“Blue River” di Purwakarta, sabab caina anu katémbong semu biru tur hérang
ngagenclang. Éta walungan mimiti réa dideugdeug ku para wisatawan téh ti saprak
aya sawatara wisatawan anu camping sawatara waktu ka tukang, tuluy
poto-potona di-upload kana media sosial, nya ti harita Walungan Cidomas
mimiti kakoncara di Indonesia.
Anapon pikeun ngadeugdeug
Walungan Cidomas, para wisatawan ti arah Wanayasa terus muru ka Kecamatan
Kiarapedes, ngaliwatan ICG (Islamic Center Garokgek). Lebah pertigaan saméméh
wates Purwakarta-Subang, méngkol ka kénca, tuluy mapay jalan désa, saterusna
baris aya pituduh jalan ka Walungan Cidomas. Sedeng upama ti arah Subang,
sanggeus tugu wates Purwakarta Subang baris aya pertigaan, méngkol ka katuhu,
tuluy mapay jalan désa. Anapon perkara tikét, para wisatawan teu dipulut
waragad sapisan atawa haratis téa.***
Nyutat tina : Purwakarta Spirit
Budaya/Date: 24 Agustus 2016
.
0 Response to "NYANYABAAN"
Posting Komentar