WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Asep Somantri

#RampèPasundan

Lembur Singkur Padumukan tempat matuh
Matuh lahir...
Matuh bathin...
Matuh ogè cabak gawè
Malah mandar...
Ladang matuh bisa matih
Suhunan imah padu iuh
Tina giwangkara nu kalan ngarèrab
Tina ramo-ramo hujan nu ngaguyur
Bilik awi...
Kuateun nahan ibun nu nyulusup
Betah di dieu...
Di sisi sawah nu anyar tandur
Dina galengan geulis karak ngabutik
Hawa gunung...
Dalingding angin...
Patèmpas sora bancèt mangsa girimis
Betah di dieu...
Di lembur singkur Tatar Sunda Sukatani-Purwakarta, 23 Nov 2017


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to " "

Posting Komentar