Komunitas jejer Cacaka : Cita-cita Luhur, Hayang Ngapung Nembongkeun Éndahna Jangjang
Haturan ka anggota Komunitas Jejer Cacaka
nu dipicinta ku sim kuring,
Cacaka mimiti muka bulenan, ningali éndahna
dunya, gebyarna langit lenglang,
Cacaka mimiti nyacaka, mimiti jangjangan
sanajan leutik roroésan,
Cacaka najan leutik tapi boga cita-cita
luhur, hayang ngapung nembongkeun éndahna jangjang.
Sim kuring salaku ais pangampih Komunitas jejer Cacaka badé nepangkeun kareueus,
ngariung ngajegkeun hiji komunitas nu dipiharep tiasa ngeuyeuban sanajan nembe
tatahar nyacaka, ngaheuyeuk gairah nulis, dunya literasi, sastra jeung budaya
lokal/daérah. Insya Alloh.***
0 Response to "Komunitas jejer Cacaka : Cita-cita Luhur, Hayang Ngapung Nembongkeun Éndahna Jangjang"
Posting Komentar