WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kandaga Budaya Sunda : "NGABUMI" Di Pulo Majeti

Jamasan (Ngumbah Pusaka) Tujuh Pusaka Majeti, Siraman Tujuh Cai Kahuripan di Pulo Majeti Kota Banjar.*


Kandaga Budaya Sunda

"NGABUMI" Di Pulo Majeti

D

ina raraga ngarumat budaya tradisi jeung miéling bulan Muharram, Kasepuhan Pulo Majeti. Ngayakeun tradisi "NGA-BUMI" atawa hajat bumi, waktuna dina tiap awal bulan ping 7 Muharram. Kaleresan ayeuna mah tempatna di Situs Pulo Majeti, wewengkon Dusun Siluman RT.38/RW.18, Kelurahan Purwaharja, Kecamatan Purwaharja, Kota Banjar.

Dina kagiatan éta aya sababaraha upacara nu dipagelarkeu saperti diantarana Mipit (Ngala Paré), Kirab Tumpeng, Tawasulan, Abring-abringan Jamasan (Ngumbah Pusaka) Tujuh Pusaka Majeti, Siraman Tujuh Cai Kahuripan, Dongdang Tujuh, sarta Sawala. Para pamilon ieu téh maké pakéan sarwa hideng nu jadi has adat urang Sunda.

Tujuan diayakeun kagiatan nu saperti kitu téh, pikeun ngawanohkeun budaya situs sejarah nu aya di wewengkon Kota Banjar hususna paranonoman pikeun leuwih mikacinta kana budayana pon kitu deui generasi milenia kahareupna emut kana budayana. Kitu ditetelakeun ku Walikota Banjar, H. Nana Suryana sawatara poé katukang, (26/08/2020).

Acara "Ngabumi" ieu téh mangrupa tarékah jeung patéah tur ngamumulé budaya Sunda ogé saniskara budaya bangsa Indonésia, sangkan terus mekar teu kageroh ku jaman, sarta bisa mawa dampak anu alus hususna dina widang ekonomi pikeun masarakat sabudeureunna.

Lian ti éta, Situs Pulo Majeti harepn kapayunna jadi icon cagar budaya Kota Banjar nu kakoncara ka awun-awun. Peupeujeuh ka para OPD, H. Nana, supaya ngajaga situs sejarah kalayan daria sangkan ngahasilkeun mangpaat pikeun PAD Kota Banjar katut masarakatna. 

Lain halna ceuk salasaurang pengunjung nu milu aub kana ieu kagiatan, sebut waé, Dadang (39) warga setempat, Inyana ngarasa reueus tur nyaksenan acara sataun sakali ieu, keur mah di tempat acara éta, tatangkalan nu ratusan taun matak éndah tur asri. Komo nalika ngong adan angin ngagelebug, tatangkalan aroyag dugika simkuring ngarasakeun bulu punduk ray-rayan. Tapi basa rengsé adan, suasana normal deui.

Ungkara Dadang éta, diwaler ku Ketua Panatacalagara, Dani Danial Muklis yén ayana kumandang adan éta téh ngondang sukma ngalewatan jalur agama. Malah dipiharep tina suanten adan nalika hajat bumi tiasa leuwih ningkatkeun kaimanan jeung katakwaan ka Alloh SWT.

“Hajat bumi ieu téh rotin tiap taun dipagelarkeun tiap tanggal 7 Muharam. Dina taun 2020 M/1442 H ieu ngarupakeun taun ka-2 lumangsung,” pokna Dani.

Dina kasempetan éta ogé, Lurah Kelurahan Purwaharja, Erik Kiwanto, miharep tina acara ngabumi ieu téh tiasa janten mitembeyan muka panto budaya ogé ngamumulé seni budaya warisan karuhun urang.***

 

Dodi B/Sri Endah


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kandaga Budaya Sunda : "NGABUMI" Di Pulo Majeti"

Posting Komentar