WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ti PSM ka Kepala Sakola : Proses Inspirasi Lalakon Panjang

Ti PSM ka Kepala Sakola : Proses Inspirasi Lalakon Panjang Mangsana taun 2000-an téh, minangka keur sim kuring mitembeyan gawe ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

SUMEDANG: SAWARGANA JAWA

"Satungtung deuleu téh, nu nyampak di Priangan mah ukur kaéndahan alam"


Judul di luhur téh beunang nyutat tina buku "Het Paradijs van Java" (1939) karya Wijnand Kerkhoff. Cenah, di satungtung deuleu téh, nu nyampak di Priangan mah ukur kaéndahan. Ari Sumedang, ku wisatawan dunya mah disebutna "Itali ti beulah wétan". Dina tungtung taun 1930-an,  Tuan Kerkhoff aprak-aprakan mapay pilemburan Sumedang. Hasil motrétna digundukkeun dina ieu buku, jadi gambar-gambar nu éndah cék alam harita, jeung matak waas cék alam ayeuna.


Di Sumedang, para wisatawan mangsa harita tinemu jeung katingriman. Maranéhna nyaksian pasawahan nu héjo lémbok, pagunungan nu beueus ku ibun, jeung rahayatna nu soméah tur getol digawé. Ari Tuan Kerkhoff, tayohna téh resep naker nyukruk pakasaban urang Sumedang. Méh saban nu digawé kapapay, ti mimiti patani, padagang, tukang karajinan, tukang nyadap, pabrik minyak séréh, pabrik oncom, palédang, nu nyieun bilik, jrrd.

Tangtu réa lalakonna di satukangeun éta potrét téh. Ngan ayeuna mah lain waktuna ngadongéng, da ku gambar gé bisa jadi geus kawakilan. Ieu gambar di handap téh, kabéhanana beunang nyutat tina buku "Het Paradijs van Java" téa. Asalna mah gambar kulawu, dipulas deui maké pakakas "colorize" ngarah teu hawuk teuing. Sakalian deuih diémbohan judulna, luyu jeung nu disabit dina éta buku.
Ieu mah itung-itung miéling lemah cai wé. Da apan ayeuna mah geus béda, alam urang nu cenah sakitu éndahna téh, geus réa nu dirangsadan pajamanan.***
Dadan Sutisna

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SUMEDANG: SAWARGANA JAWA"

Posting Komentar