WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

3 Pesan H. Sobari Pada Kelas 6, Disambut Baik Ketua Yayasan Al-Muhajirin

3 Pesan H. Sobari Pada Kelas 6, Disambut Baik Ketua Yayasan Al-Muhajirin Lembaga Sekola Madrasah Ibtidaiyah di Kampus 4 Sukatan...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

TJARITA PA ROESDI & KAKARIAANAN

TJARITA PA ROESDI & KAKARIAANAN

(Bagéan carita ti Buku Roesdi Djeung Misnem, karangan A.C.  Deenik jeung R. Djajadiredja, 1911)



TJARITA PA ROESDI

Barang datang ka imah, Roesdi nanja ka bapana, “Bapa! rĕmĕn tjaah kawas kitoe teh?” Jawab bapana, “Poegoeh eta mah, Oedjang, atoeh lain tjaah gĕde. Baheula, keur waktoe sia leutik keneh, imah teh kapan lain di dieu, di ditoe, deukeut pisan ka waloengan.

Ieu, noe ieu mah anjar, da noe heubeul mah kapan beak, kabawa tjai.

Harita, waktoe tjaah gĕde tea lantaran goenoeng Papandajan bitoe, euleuh, aja riboet! Bapa ngagandong sia, ĕma ngagandong si Misnĕm, loempat ti imah satakĕr tanaga. Hadena bae, barang geus nĕpi ka Pasirmoencang, tjaina kakara lĕb ka imah. Teu lila imah roentoeh, djeung kabawa palid. Kandang-kandang moending kabeh kabawa, sasatoan teu hidji-hidji atjan noe kapoeloek.

Bapa, ĕma, sia djeung si Misnĕm meunang doea poe doea peuting tjitjing di pasir, ngarĕrĕb di saoeng leutik.

Barang tjaah geus saat, kakara toeroen deui ka lĕmboer; ari njampak, geus teu imah, teu naon, teu naon-naon da kabeh kabawa tjaah. Balong kabeh barĕdah, papakean teu satjiwit-ciwit atjan; baranghakan sapanggihna, hees saloengkar-salingkĕr di saoeng batoer. Waktoe tjaah harita, lain imah oerang bae noe palid teh, Nadjan kabeh imah batoer oge paralid. Saboelan ti sanggeus tjaah, rame ngaradĕgkeun deui imah, rada beh pasir noe djauh ti sisi waloengan.

Tah imah ieu noe anjar diadĕgkeun teh, meunang koekoempoel djoedjoealan pare djeung barang noe di pihapekeun di aki sia, di goenoeng. Hadena bae tjaah ayeuna mah teu gĕde tjara baheula.

Lamoen tjaah gede, sia rek kamana nja loempat?”

Tembal Roesdi: “Ah, rek menta digandong bae koe bapa, da bapa mah djangkoeng, moal ĕnja katjaahan. Bapa kabawa palid kadjeun, da koering mah digandong. Si Misnĕm meureun diais koe ĕma, imah oerang moal ĕnja kabawa palid, da gĕde.
Tapi ari hadena mah oelah tjaah deui da koering sok reuwas.”


KAKARIAANAN

Indoeng bapa Roesdi samemeh arindit ka pasar, ngomong ka anakna: “Baroedak, sia montong mariloe ka pasar, da ĕma oge moal lila. Ĕngke ti pasar dikirim kahakanan djeung tjotjooan. Tjaritjing bae sia di dieu, toenggoean imah.”

“Heug!” tembal baroedak teh.
Indoeng bapana djoeng arindit kapasar.
Roesdi djeung Misnĕm aroelin di tĕpas.
Teu lila djol batoer oelinna, si Ramlan djeung si Iti.

“Keur naraon, euj?” tjeuk Iti.
“Keur oelin bae,” tembal si Misnĕm.
“‘Nĕm! Oerang oelin hajoe, ka sawah,” tjeuk Iti.

“Ah emboeng,” tembal si Misnĕm.”da aing mah dititah toenggoe imah koe ĕma.”
“Na ka mana indoeng sia, ‘Nĕm?”
“Keur ka pasar, ‘ti, malah djeung bapa ka pasarna. Di dieu bae atoeh oelinna Iti! Ĕngke ari koe ĕma dikirim naon-naon ti pasar, sia dibere koe aing.”
“Seug!” tembal si Iti.

“Oerang kakariaanan hajoe,” tjeuksi Misnĕm.

“Pek, ke aing ngala daoen nangkana, keur sigĕr djeung beubeurna,” omong Roesdi. “Si Ramlan sina njieun papadjanganana koe dangdaoenan.”

Si Roesdi njieun sigĕr geus anggeus, make rarawis koe kĕkĕmbangan.

“Tah deuleu, baroedak, geus anggeus sigĕr teh; pek sia pangantenna, Misnĕm.”
Si Misnĕm geus didangdanan, disigĕrandaoen nangka, beubeurna daoen nangka, didjieun kawas panganten, ari kongkorongna kĕkĕmbangan.

Beunang ngadangdanan, toeloej broel diiring-iringkeun. Tatabeuhanana batok, kaleng djeung awi ditakolan. Baroedak tatanggana daratang ngariloe oelin. Atoeh rame bae aroelinna saloesoerakan.

Sanggeus iring-iringan ngoerilingan imah, gek pangantenna didioekkeun dina papadjangan tea.

Keur rame-rame aroelin, djol indoeng bapa Roesdi daratang ti pasar.

“Tah geuning baroedak teh balageur,” tjeuk indoeng Roesdi. “Top ieu kahakanan geura saridĕkah.”

Baroedak ngarioeng, baranghakan.
Sanggeus barang hakan, toeloej baralik ka saimah-imahna.
Cag.
Akoer Lah

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "TJARITA PA ROESDI & KAKARIAANAN"

Posting Komentar