Mahabuna Sasalad Ngarongkahan Kacampuran Bèja Tina Unggal Média.
BÈJA TI SISI GUNUNG
*******************
Nirwana Smy
Sababaraha poè kaliwat meunang bèja kawilang ahèng pikeun kaayaan kiwari, bèja meunang ngorèh ti kokoprak lembur. Bonganna hariwang ku kaayaan, melang ka nu jadi kolot, teu kahontal ku jarak.. kalis ku patarèma sora tina sapèker telepon.
Ningnang ku itu ku ieu, sabab Tasik aya dina absènan ZONA MERAH wewengkon Priangan Wètan. Anapon mahabuna sasalad ngarongkahan kacampuran bèja tina unggal media.
Anu mahing mulang ka sarakan teu èlèh katotoloyona dina nyanghareupan kanyataan.
Ais pangampih di bandungan tèh ngadon sibuk pepeta wungkul, dina prakna mah ra'yat leutik dititah nèwakan haseup harepan.
Bèda jeung kaayaan urang lembur singkur di pasisian, saliwat mah basajan sabab taya mobil pasulibreng, kendaraan nu lalar liwat paling ukur motor, kitu ogè teu sabaraha lobana.
"Kumaha di lembur, sarèhat.. henteu harènghèng ku sasalad nu nyaliara? Bantuan ti Pamarèntah geus nepi ka dinya?" Cekèng tèh ka misan anu dumuk di lembur.
Dijawabna bari seuri bangun taya kahariwang, pijajauheun kana sieun mah.
"Taya nu kitu-kieu di lembur mah, berekah Jang.. Alhamdulillah. Èta ogè aya bèjana sual sasalad mah ngan teu mangaruhan kana patopèkan urang lembur. Sual bantuan, di lembur keur pakepuk panèn.
Jalma saribuk di sawah, anu buburuh taya nu lowong. Pibuateun can anggeus nu ngawuluku geus maju kasèrèd ku anu tandur.
Dina enyana datang bantuan ti Pamarèntah pikeun urang lembur, asa moal pati dipalirè tibang bèas kuleuheu, emih, gula jeung minyak mah. Lain teu barutuheun, teu urup atuda mèlaan sakitu cul pigawèeun mah. Malah kamari Akang ngumpulkeun parè pamèrèan jangeun sumbangkeuneun ka Kecamatan,"
Ngajenghok, reueus, sedih pagaliwota jadi hiji ngamuhara 'na juru panon, nyangkrung laju ngeclak.
"Naha nu juma'ahan teu dicaram, nu tarawèh bajama'ah taya nu ngahulag, apaleun Pamarèntah wewengkon dinya,?"
"Atuh puguh baè kabèh gè sasat idin ti Aranjeunna, teu di hulag sagala kagiatan Romadhon ogè, sawates "himbauan" panggeuing mah wajar, tarawèh dilakonan kalayan antarè, kuliah subuh dipaju sabuat nungguan isuk-isuk. Bisa tenang lantaran anu nyaraba loba nu bolay mulang, anu maloncor hiji dua urang kota ngadon narumpi ku karepna bari ditalingakeun boh ku pihak RT/RW boh ku ahli medis nu sayaga."
Reugreug sabab kamelang jauh tina panyangka, kahariwang ngahiang alatan sandang, pangan sarta papanna wareweg.
Mugia sasalad gancang mangkat, kaayaan bisa pulih kaasalna kalayan hampang-himping. Aamiin.
#NetNirPost
27 April 2020
Cibinong.
Pustaka Sunda