Covid 19 di Désa Gombongsari "AMAN"
Katerangan Poto :
Kepala Désa Gombongsari, Warjo nalika di dongdon ti tim redaksi Warta Sunda Onliné, poé Rebo, (22/4).*
KARAWANG - Warta
Sunda Onliné,
N
|
yoko kana instruksi pamaréntah ngeunaan pandemik Covid 19 pihak Désa Gombongsari Kecamatan Rawamerta Kabupatén Karawang, Jawa Barat, Indonésia "Ngayoman Wargana".
Dina hal ieu, Kepala Désa Gombongsari, Warjo nalika di dongdon ti tim
redaksi Warta Sunda Onliné, poé Rebo,
(22/4), netelakeun yén di lemburna tina pasualan Covid 19 warga-wargana Aman
teu kaserang virus corona.
Wargana nu bulak-balik nu ngadon nganapkahan anak pamajikana, mun datang
kalembur dipantau luyu jeung katangtosan nu geus diembarkeun ku pamaréntah
saperti halna wargana dipariksa kalayan tarapti.
Pihakna teu weleh-weleh sosialisasi ka warga sakantenan ngawanohkeun dirina
salaku pupuhu nu kakara sabaraha poé
katukang diistrénan di
buruan komplek Perkantoran Pemda Kabupaten Karawang, poé Juma’ah, (20/3/2020) nu langsung disaksenan Bupati, dr. Cellica Nurrachadiana ngistrenan 45 Kadés
Pinilih.
Inyana
ogé neda pidu’ana sangkan dina mingpin désa sing dipaparinan kasehatan kalayan
rohmat ti Gusti Nu Maha Kawasa.*** (Tim)
0 Response to "Covid 19 di Désa Gombongsari "AMAN""
Posting Komentar