BUMI EMA.

Katerangan Poto :
Bumi titingal ti karuhun tempat ngariung dina lebaran.*
Ieu rorompok tempat abdi tumuwuh ti SR kelas 1 dugi ka nikah ogé di bumi ieu...
Ayeuna tos direnovasi kumargi tos ropoh pisan, tapi wangun sareng tatapakanana mah tetep teu dirobih iwal ti suhunan, teras dinamian Bumi Ema kanggé pangemut ngemut ka pun biang, dinamian Bumi Ema téh da salamina pun bapa (Apa) sok janten babasan ieu mah imah Ema saurna téh...
Bumi ieu dibangun taun 1956 dilebetan taun 1957, pun bapa ngababakan di tengah sawah di sisi kota harita mah, nenggang mung nembe aya hiji bumi téh, teras dina sataun mah rame dugdeg, janten lembur enggal mung sa RT eun....
Saatos pun bapa ngantunkeun taun 1986, dilebetan ku pun biang (Ema) dugi ka ngantunna taun 2007...
Kawitna badé diical da bumi warisan (mung bumi-bumina) kanggé 11 putrana, saatos badanten sadayana nyaah pami dipimilik ku nu sanés mah, Alhamdulillah kapimilik ku abdi janten sa waktos-waktos tiasa kénéh dianggé ruang riung saputra putu buyut...
Pami nuju marudik ka Cianjur... nu kawitna disisi kota téh na da ayeuna mah bét caket Pizza Hut sareng Hypermart...
Cag.
Nunuh N Sulaéman/Pustaka Sunda
0 Response to "BUMI EMA."
Posting Komentar