WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Bupati Sidak ka Kantor Disdik. Aya Naon nya???


Warta Sunda Onliné,

Bupati Purwakarta Hj. Anne Ratna Mustika tara tisasari Sidak ngadongdon ka gedong Linuhung (Dinas Pendidikan Purwakarta) bari jeung mawa pasukan kalebet rengrengan Diskominfo. Aya naon, nya!!!

     Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, H. Purwanto ngarasa reuwas tur bungah ku dongdonan Bupati Purwakarta ka kantorna di Jalan Gang Beringin.
   
     Di lingkungan Pemerintah Kabupatén Purwakarta, komitmen keur ngurangan runtah plastik. Sarengséna senam pagi di buruan kantor Dinas Pendidikan, sim kuring ngecek langsung ka unggal ruangan pejabat jeung pegawai. Leres henteuna  para pagawé nyarandak tur nganggo tumbler atawa kempis cau, keur ngaganti cai nginum tina kemasan botol plastik.


     Katingal, Kepala dinas katut jajaranna parantos nerapkeun pengurangan sampah plastik. Salah sahijina, ku marawa tumbler ka kantor. Lian ti éta, di kantor disdik tos sadia stasiun pengisian air siap minum. Ieu mangrupi bukti komitmen uranf saréréa dina ngurangan runtah plastik.***

#sampahplastik #tumbler #lingkungan #purwakartaistimewa #purwakarta

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Bupati Sidak ka Kantor Disdik. Aya Naon nya???"

Posting Komentar