Fikmin Dedi Budiman Hakim
Ilustrasi Kakarén Lebaran dina Internét.*
Kakarén Lebaran
Mulang ka lembur mani bungah pisan. Nyaan lebaran ayeuna mah. Angkaribung ku babawaan keur nu di lembur.
"Hatur nuhun, Juragan. Katampi cacandakanana. Alhamdulillah ayeuna tiasa boboran. Tiasa ngagaleuh acuk kanggo barudak ", ceuk Mang Karta. "Sawangsulna", irung kuring asa beukah.
"Hatur nuhun, Juragan parantos masihan THR. Mani ageung pisan". Kitu jeung kitu satiap urang lembur nu dibéré THR.
Haté tambah bungangang asa dihargaan ari di lembur mah, teu siga di kota. Komo mitoha mah bungah pisan sabada dibéré amplop jeung baju lebaran. Waktuna mulang deui ka kota sabab geus saminggu di lembur.
"Pa aya serat ti bank", pamajikan némbongkeun suratna. Dibuka: tagihan kartu kredit dua puluh juta. Jatuh tempo: dua poé deui.
***
Ilustrasi Nu Sideku dina Internét.*
Nu Sideku
"Hampura Éma " sasambat manéhna bari sideku dina pangkuan hiji indung. " Ujang anaking. Sanajan teu dipénta, Éma ngahampura naon-naon ku hidep lakukeun baheula waktu hidep ngumbara di mancanagara nyacapkeun harepan ogé kahayang hidep" bari ngusapan lalaunan sakumaha waktu keur budak di lembur baheula. Tilu puluh taun ka tukang, manéhna meredih hayang sakola, nyuprih élmu di nagara deungeun. Dalah dikumaha. Masih loba adina nu butuheun biaya keur hirupna. Teu lila aya jalma mawa mobil hideung ka imah rék ngarampas imah jeung sawah sarta huma nu geus digadékeun ku si cikal. Aya warta si cikal geus jadi guru besar di hiji paguron luhur di nagara Eropa. Professor urang Sunda nu jadi rektor, nu can pernah kajadian salila paguron luhur aya. Aya béja manéhna ngimpi bakal aya samagaha bulan tilu peuting nu bakal tumiba ka rumahtanggana lamun teu ménta hampura ka nu jadi indung.
***
Ilustrasi TeuvWalakaya dina Internét.*
Teu Walakaya
"Your message was sent". Plong bangbaluh nu jadi pikiran saminggu ieu. Makalah salaku invited speaker di nagara sakura rengsé dikirim ka panitia di ditu. "Ujang can saré?" Ema muka panto kamar. "Teu acan Ma. Kapameng" bari bébéres meja: buku, notebook ogé obat nyamuk. Paspor jeung visa geus siap. Kitu deui batik. Ngahaja maké batik lamun presentasi di mancanagara sangkan kakoncara. Hujan girimis maturan sora jam tembok dua belas kali.
Lampu hapé caang tandaning aya pesan WA nu asup. Dirérét foto manéhna. " Kang. Punten ngawagel tengah wengi. Peryogi pisan. Sanés sulaya kana kedal carita. Sanés teu satia kana rasa baheula. Geuning antawis urang aya jurang lega tur lungkawing nu mustahil tiasa dihijikeun. Didungakeun kenging kabagjaan di manca nagara. Baktos. Nu tetep mikacinta". Lani Mutiarasari.
Hawar-hawar aya sora. "Ujang kunaon hidep. Teu nyangka mulang kieu carana".
0 Response to "Fikmin Dedi Budiman Hakim "
Posting Komentar