WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

FIKMIN BASA SUNDA : Tongtolang Nangka - Yasana : Lely Moelyati

Ilustrasi dina Internet.*

Tongtolang Nangka 
Yasana : Lely Moelyati


A
hir-ahir ieu katawis Emah kemba, alum nguyung. Soca barintit balas nangis nu disamunikeun. Puguh wé apal, Emah kitu téh lantaran Apa ngawayuh, teu jeung adeuh deuih Bu Nia guru basa Indonésia di sakola nu jadi istri Apa. 
Kuring jeung Kakang bingung, kunaon Apa keukeuh nikah ka Bu Nia.  Ituna deuih, bet daék jadi nu ngora. Padahal geulis, nyakola, parawan ongkoh.
Emah teu robah sikap ka Apa. Biasa waé kumawula, ngan pédah jadi teu hégar saperti biasa.
Panasaran, kuring jeung Kakang datang ka bumi Bu Nia pas Apa nuju kilir. Panto méléngé, kakuping sora istri nyarios kieu ka Apa, 
"Umur abdi kantun bubulanan deui, biheung pendak kétang, hatur nuhun Bapa kersa nyarengan, réwu nuhun ka Ibu nu tos ngawidian." Segruk nangis kanyenyerian. Kuring jeung Kakang papelong-pelong.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "FIKMIN BASA SUNDA : Tongtolang Nangka - Yasana : Lely Moelyati"

Posting Komentar