WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

3 Pesan H. Sobari Pada Kelas 6, Disambut Baik Ketua Yayasan Al-Muhajirin

3 Pesan H. Sobari Pada Kelas 6, Disambut Baik Ketua Yayasan Al-Muhajirin Lembaga Sekola Madrasah Ibtidaiyah di Kampus 4 Sukatan...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

FIKMIN BASA SUNDA : Dominos Pizza - Yasana Kang Yoga

*FIKSIMINI*
Ilustrasi dina internet.

*DOMINOS PIZZA*


W
anci bada isa pun bojo gura-giru ngajak ka Jalan Véteran Purwakarta aya béja diskon 50 persen, tara tisasari saréngséna netepan berjamaah si cikal tos saged, Panengah tos katawis sumringah si bungsu teu kakantun tos nganggo tiung.
"Bah..bah jantennya ka pizzana ayeuna saur ambu tos dibuka". ceuk  si bungsu bari nyonyoo hapé. Gerung mobil disada geleyeng kaluar ti garasi nuju ka pom bengsin da harita téh bengsina saat. Sabada ngeusian bengsin terus muru ka tempat nu dituju. Katawis tulisan  Dominos Pizza ngajeblag badag, mobil diparkir, pun bojo, si bungsu sareng panengah lungsur ti nu mobil da si cikal mah kirang resep ka na pizza téh. Teu kungsi lila pun bojo meuntas muru ka na mobil. "Naha sakedap tos séépnya pizzana". kuring nanya.
"He..he...". walon pun bojo. "Naha gumujeng?" tanya kuring. "Abah teu acan buka pizza téh". Si panengah ngajawab. Barang dibaca brosurna sihoréng bukana téh isukan ping 28 Désémber 2019.***


Purwakarta.27.12.2019
Kang Yoga

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "FIKMIN BASA SUNDA : Dominos Pizza - Yasana Kang Yoga"

Posting Komentar