EMBUNG DI BOJONGMANGU
Saprak Kang Agus R Munggaran gaduh proyék Embung, saleresna hoyong pisan motrét embung nu aya di Désa Bojongmangu, mung karak laksana dinten kamari. Kantos kétang sababaraha bulan kalarung motrét, mung potrétna kalah ngahiang.
Embung nu diwangun taun 2018 ieu, ngagunakeun waragad APBN nileyna 270 juta.
Diwangun ku Tim Pelaksana Kegiatan Tingkat Désa, lokasina persis di tukangeun balé Désa Bojongmangu, gunana pikeun nampung cai, cadangan nyaian sawah nu aya di sabudeureun ku cara disedot nganggo mesin sedot.
Ngan usum hujan jiga ayeuna mah sawah gé seueur cai, ku Pa Kepala Désa dimangpaatkeun pikeun melak lauk diantarana aya lauk emas sareng mujaér.***
#Carita_NH
23-01-2020
0 Response to "EMBUNG DI BOJONGMANGU"
Posting Komentar