WARTA TI GARUT : Urang Bulé “Inggris” Hayang Diajar Silat
Urang Bulé “Inggris”
Hayang Diajar Silat
Si Bulé (Maxe) kataji ku kasenian Silat.*
Garut – Warta Sunda Onliné,
K
|
asumangetan urang bulé Inggris dina nyuprih
élmu pangaweruh widang seni, lantaran lalajo filem “GUNDALA” nu aktorna pituin
urang Garut. Ku kayakinan éta, Si Bulé nepika kataji hayang leuwih ero dina
widang seni silat.
Pikareueuseun keur urang lembur, yén si
Bulé (Maxe) kataji ku kasenian warisan urang Sunda. Komo nepika neuleuman jeung
hayang diajar. Kajaba di Paguron Panglipur Galih hoyong netep sababaraha
bulaneun neuleuman élmu kasilatan di éta pagurin. Kitu ditetelakeun ku Abang
Anton Galuma, Amd.Kom penggiat ASUDAWI (ASOSIASI USAHA DAYA TARIK WISATA) ka Warta Sunda Onliné, Poé Rebo, (11/9) nalika nongton bareng Film GUNDALA di
Ramayana Garut.
Kapolres Garut, AKBP Budi tiasa masihan dukungan,*
Ku kituna, inyana ngahaturkeun rewu-rewu
nuhun ka bapa Kapolres Garut AKBP Budi anu tos ngadukung pinuh kalayan méré sumangeut
ka sadayana seniman hususna seniman budayawan di Kabupatén Garut.
“Alhamdulillah, bapa Kapolres Garut tiasa
masihan dukungan anu ekstra nyoko kana UU No. 5 tahun 2017 Pemajuan kebudayaan,
ogé UU No. 10 tahun 2009. tentang kepariwisataan,” pokna Anton. Simkuring,
reueus ka Bapa Kapolres nu milu aub. Kajaba, ancrub babarengan lalajo Film
GUNDALA anu pamaéna urang Garut nyatana ABAH CECEP ARIP RAHMAN pupuhu Padepokan
KASUNDAAN (PANGLIPUR GALIH) anu calik di paliheun kénca Pa Kapolres Garut.
Ihwal fielm GUNDALA ieu téh, anu
aktor lagana Bah Cécép Arip Rahman, pon kituna Faris budakna bah Cécép, katut rengrengan
pesilat ti Padepokan Kasundan Panglipur Galih Sucinaraja Kabupatén Garut.***