WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI MI : 20 Sapi jeung 40 Domba di Al-Muhajirin Diqurbankeun di 4 Kampus


20 Sapi jeung 40 Domba di Al-Muhajirin
Diqurbankeun di 4 Kampus

Keterangan Poto : DR. KH. Abun Bunyamin, MA (Ketua Yayasan Al-Muhajirin Kabupatén Purwakarta), nyaksenan acara meuncit hewan qurban di buruan MTs Al-Wathon & MI Al-Muhajirin Sukatani Purwakarta.*






SUKATANI – Warta Sunda Onliné,
C
euk Ketua Yayasan Al-Muhajirin Kabupatén Purwakarta, DR. KH. Abun Bunyamin, MA ka Warta Sunda Onliné, poé Senen, (12/8) di MI Al-Muhajirin & MTs Al-Wathon, ngajelaskeun yén para peserta didik Madrasah Ibtidaiyah (MI) Al-Muhajirin kampus 4, dina acara meuncit hewan qurban. Lain saukur acara meuncit qurban wungkul, tapi tujuannana mah, yén para peserta didik diwanohkeun kana pentingna Syi’arna Agama Alloh (Islam), pikeun leuwih ngaronjat syi’arna tur bisa katémbong di mata dunia.

Dipiharep dina Idul Adha ieu, para peserta didik MI Al-Muhajirin hususna siswa kelas I, ayana pembelajaran keur barudak sangkan rajin sodakoh. Engkéna mun geus gedé, barudak geus bariasa dermawan komo sok ngabantu warga nu teu mampu, kajaba bisa berbagi ka sasama mah. Anapon kitu harepan KH. Abun Bunyamin, yén para peserta didik mun biasa dilatih ti keur leutik, tangtuna engké mun geus dewasa biasa sodakoh. Da geus aya dina dirina sewang-sewangan. Malah mandar boga sifat welas asih ka sasama.
Sedengkeun acara meuncit hewan qurban di Al-Muhajirin ieu téh dibagi opat titik kampus nu sumebar di sakuliaheun Purwakarta diantarana, di Kampus 1, Kampus 2, Kampus 3 sarta Kampus 4.
Pihakna tiap taun ngalaksanakeun ibadah qurban, malahan taun ayeuna mah ngurbankeun 20 sapi jeung 40 domba hasil tina kulawedet Al-Muuhajirin, sumbangan perorangan ti warga masarakat, katut hasil rereongan para santri-santriwan sareng mahasiswa nepika ngawujud hewan qurban sapi.
Tina 4 titik kampus nu aya di AL-Muhajirin téh ngawengku diantarana Kampus 1 aya 6 ekor sapi sareng 6 ekor domba. Kampus 2 aya 5 sapi jeung 10 ekor domba. Kampus 3 aya 4 sapi sarta 10 domba. Sedengkeun di Kampus 4 aya 2 sapi sarta 4 domba. Hasil tina meuncit éta téh, dagingna didistribsikeun ka warga nu aya disakuliaheun tiap kampus.
Lian ti éta pihakna ngabagikeun 20 ekor domba nu kaayaan hirup alias can dipeuncit dibagikeun ka warga saperti halna ka kantor PC-PC NU nu aya di Kabupatén Purwakarta.
Sedengkeun ceuk salahsaurang siswa MI Al-Muhajirin, Sefa Septianto Sastra Diwangsa, ningali diburuan sakolana aya nu meuncit qurban téh sedih, lantaran sato (sapi) dipeuncit kaluar getih.***


Subscribe to receive free email updates: