WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta Tilu calon anggota anu dikirim nyaéta Aik Hakiki, Rafael Cristian ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA GEDONG DEWAN : Ieu Penghasilan Bulanan Anggota DPRD Purwakarta


Ieu Penghasilan Bulanan Anggota DPRD Purwakarta

PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
P
anghasilan anggota DPRD Purwakarta geuning lumayan gedé dina unggal bulanna téh. Malah tunjangan nu rék dihasilkeun ku anggota dewan bisa katarimana Rp. 60 juta. Komo deui mun nepika meunang posisi salaku pupuhu dewan bohna jabatan dina alat kelengkapan dewan (AKD) lainna mah.
Data ti Sekretariat DPRD Purwakarta nyebutkeun, yén wincikan pendapatan anggota DPRD Purwakarta, diantarana tunjangan perumahan Rp16 juta, transportasi Rp10,2 juta, tunjangan komunikasi intensif Rp8 juta, tunjangan jabatan Rp2,28 juta, tunjangan paket Rp500.000, tunjangan beras Rp297.000 (asumsi jumlah keluarga tiga orang), tunjangan keluarga Rp157.000, jeung tunjangan Pph Rp227.000. Mun dijumlah-jamleh mah nepika Rp39,81 juta/bulanna téh.
Jumlah éta téh can ditambah mun anggota DPRD éta meunang posisi pimpinan dewan jeung alat kelengkapan dewan (AKD) lainna. Anapon kitu, ayana tambahan pendapatan tina tiap perjalanan dinas nu alokasi anggaran bervariasi gumantung jarak tempuh. Pon kitu deui nominalna béda-béda saperti kunjungan kerja di dalam kota jeung luar kota atawa antarprovinsi. 
Sedengkeun kunjungan kerja dalam kota Rp800.000/urang, luar kota dalam provinsi Rp1,8 juta/urang, jeung luar provinsi Rp2 juta/urang. Kunjungan ieu téh, bisa sababaraha-kali dina sabulanna.
Ceuk Sekretaris DPRD Purwakarta, Drs. H. Suhandi, M.Si mertelaken, yén kunjungan dewan ka luar provinsi rata-rata antara opat nepi ka lima kalina. "Ngarah leuwih jelas sababaraha kalina mah bisa ditanya ka proker. Anapon kitu keur alokasi anggaran kagiatan dewan luyu sareng peraturan perundang-undangan nu lumaku," pokna Suhandi ka SINDOnews, Juma’ah (9/8).*** Asep Supiandi.   
Keterangan Poto diluhur : Diantara Anggota DPRD Purwakarta manten.

Subscribe to receive free email updates: