WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

PWI Purwakarta Ngirimkeun 3 Calon Anggota Pikeun Ilubiung dina OKK di Bogor

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-  Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Purwakarta ngirimkeun tilu calon anggota pikeun ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KANDAGA BUDAYA SUNDA : Seni Domyak Purwakarta Dina Ritual Ngamandian Ucing


Seni Domyak Purwakarta
Dina Ritual Ngamandian Ucing

Keterangan Poto : Seni Domyak di Purwakarta_Anto S

DARANGDAN – Warta Sunda Onliné,
D
INA usum halodo ieu, warga di Kampung Pasirangin, Kecamatan Darangdan, Kabupatén Purwakarta masarakatna sok ngayakeun acara ritual. Dina éta seni ritual sok digelar seni Domyak nu saméméhna ngaran senina seni buncis.
Seni Domyak asalna éta tina kecap “ari dur ari rampayak”. Dur nyaéta tina sora bedug nu aya dina salahsahiji waditra dina éta kasenian. Rampayak hartina ngibing. Jadi dina hal ieu mun aya sora dur tina bedug para pamaén langsung ngibing. Kitu harti seni Domyak nurutkeun Abah Jumanta suwargi, pupuhu Domyak di Pasirangin Kecamatan Darangdan. Hal éta ditepikeun ku Yosi Agustiawan (40) salaku penggiat kana Seni Domyak ka Warta Sunda Onliné nalika ngawangkong di SMPN 4 Darangdan poé Senen (29/7).
Inyana ngemban tugas ti Pa Jumanta sangkan Seni Domyak tong nepika tumpur, malah mah kudu diwanohkeun ka para nonoman. “Nya, di SMPN 4 Darangdan minangka keur ngalalanyahan ngamumulé seni domyak, keur mah sim kuring dines di éta sakola deui.” pokna Yosi.
Seni Domyak dipagelarkeun dina ritual ménta hujan (Mapag banyu). Dina éta acara aya ritual ngamandian ucing minangka bubu ka acara, saterusna arak-arakan ngurilingan kampung. Ucing diasupkeun kana dongdang nu dipanggul ku dua urang. Arak-arakan dibarengan tatabeuhan saperti angklung, dogdog, bedug, kendang, goong, jeung nu lianna. Arak-arakan Domyak éta téh teras muru ka sirah cai bari ngalaksanakeun ritual ngamandian Ucing téa.
Ritual dimimitian ku mupuhun, nu dipingpin ku salah saurang pamingpin upacara adat nu disebutna pangasuh. Mupuhun uluk salam, atawa dina paribahasa Sunda mipit kudu amit, ngala kudu ménta. Éta téh cenah sangkan jadi berkah tur salamet.
Saterusna pangasuh nitah sinden tetembangan kidung sababaraha bait. Bérés kidung, ucing nu aya dijéro dongdang téh dimandian. Ngamandian ucing ieu téh ma’nana, yén ucing teu pernah mandi jeung dina peupeujeuhna yén manusia mah kudu daék beberesih.
Acara diteruskeun kana pintonan ibing penca nu disebut wawayangan jeung rinneka atraksi saperti bebelokan, babagongan, séséroan, kukudaan, momonyétan, debus, sulap, jeung nu lianna.
Kahirupan seni Domyak kiwari lir ibarat lukut tina batu. Hirup teu neut, paéh teu hos. Hal éta téh ku lantaran masarakat nganggap yén seniman Domyak téh kurang payus. Di sisi séjén ogé pamaréntah teu méré rokangan kana kahirupan seni Domyak.
“Seni Domyak téh hiji tina 37 seni buhun nu kacatét di Jabar nu perlu dimumulé tur dipertahankeun. Dina taun 2012 ieu seni kungsi di revitalisasi ku pihak Disparbud Jabar jeung Dinas Kebudayaan Purwakarta. Seni domyak di jadikeun ekstrakulikuler di SMPN 4 Darangdan, dina raraga upaya regenerasi seni domyak ka para nonoman,” ceuk Yosi nu panganjrekanana di Désa Cibingbin Kecamatan Bojong Kabupatén Purwakarta.
Regenerasi seni Domyak kaitung seuseut. Kiwari nu jadi pamaénna rata-rata nu geus kolot. Geus kitu jarang nu nanggap. Nya kaharti saupama jarang nu katarik pikeun neuleuman seni Domyak téh.
Lain deui ceuk salahsaurang seniman nu wastana Wa Kana (52), inyanya ngabenerkeun nu dicaritakeun ku Yosi, yén tiap latihan téh sok pindah-pindah. “Keur mah uwa mah geus kolot tanaga sesa, mun kudu pindah-pindah tempat kanu jauh, geus teu mampu. Tapi mun tempatna netep mah, Insya Alloh latihan.
Sedengkeun ceuk Devi Oktaviani (15) siswa kelas VII SMPN 4 Darangdan, ngarasa reueus ngiring aub dina mintonkeun seni buhun (Seni Domyak). Malahan miharep ka rekan sasamana hayu babarengan pikeun ngamumule seni domyak.***


Subscribe to receive free email updates: