WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

PWI Purwakarta Ngirimkeun 3 Calon Anggota Pikeun Ilubiung dina OKK di Bogor

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-  Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Purwakarta ngirimkeun tilu calon anggota pikeun ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KANDAGA BUDAYA SUNDA : PGSD STKIP Purwakarta Magelarkeun Dramatari


PGSD STKIP Purwakarta
Magelarkeun Dramatari
Keterangan Poto : Pintonan Pagelaran Dramatari Tradisional PGSD STKIP Purwakarta
dina Koran Galura, Nomer : 11 Taun ka-5, Edisi : II Agustus 2019 Kaca-11 Rubrik Milangkori.*

Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
P
GSD Sekolah Tinggi Keguruan dan Ilmu Pendidikan STKIP Purwakarta dina raraga ngamumulé kaulinan barudak di era globalisasi ngayakeun pagelaran dramatari tradisional kolaborasi eklusif jeung live gamelan Sunda poé Juma’ah, (19/7) di Kampus  PGSD STKIP Purwakarta.

Éta kagiatan téh minangka kagiatan rutin UAS smester 6 mahasiswa di program Studi Pendidikan Guru Sekolah Dasar (PGSD) STKIP angkatan ka-23. Salian ti keur sarat tugas UAS mata kuliah Pendidikan Seni Drama Tari keur para mahasiswa, mintonkeun dramatari tradisional téh udaganana pikeun ngamumulé kaulinan budak lembur nu hampir tumpur. Komo deui ayeuna mahabuna gadget nu jadi cocooan barudak ti mimiti umur 2 taun nepika ka barudak SD.
“Pintonan éta téh dina raraga uar pangajak ka barudak sangkan tong poho kana tradisi baheula anu gaduh ajén-inajén linuhung, Kaulinan lembur nu kedah dimumulé,” ceuk Wiwin Winarti, Ketua Panatacalagara ka Warta Sunda Onliné di lokasi acara.
Lain deui ceuk Kepala SDN 2 Kembang Kuning, Lilis Nurjanah, M.Pd, inyana kataji ku pintonan pagelaran dramatari tradisional nu ngaguar ngeunaan ngamumulé kaulinan barudak lembur baheula. Dina pintonan éta téh aya élmu sok sanajan bari jeung dibungkus heureuy, tapi barudak tiasa ngartos, sapertos pintonan oray-orayan, cingciripit, caca-brangé, tokécang jeung endog-endogan. Barudak ayeuna mah moal apaleun,” pokna.
Ku kituna, inyana ngajak 15 urang perwakilan siswana nu ngawengku kelas 4, 5 jeung 6 katut 5 urang guru. Cara kitu cenah bisa jadi cukang lantaran barudak micinta banda budayana.*** Anto S


Subscribe to receive free email updates: