WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

PWI Purwakarta Ngirimkeun 3 Calon Anggota Pikeun Ilubiung dina OKK di Bogor

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-  Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Purwakarta ngirimkeun tilu calon anggota pikeun ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI BANDUNG : Kab. Bandung ka Gilir Rakor Tagana Jabar


Kab. Bandung ka Gilir
Rakor Tagana Jabar



BANDUNG – Warta Sunda Onliné,
T
aruna Siaga Bencana (Tagana) Jawa Barat ngagelar Rapat Kordinasi (Rakor) di Gedung Moch Toha, Kabupatén Bandung, Sabtu (20/7/2019). Kagiatan Rakor dihadiri 500 urang ti tiap kabupatén/kota di Jawa Barat éta tujuanana sabeungkeutan tur gawé rancagé dina narima jeung ngajalankeun tugas dilapangan. Ku kasiagaan jeung proaktif Tagana siap tanggap darurat bencana, investasi, konsilidasi, sarta méré Informasi ka masarakat tur mampu meminimalisir bencana.

Numutkeun Kasie Operasi Kantorsar Provinsi Jawa Barat, Rudi, yén Rakor Tagana nu dilaksanakeun di Kabupatén Bandung, tujuanana sangkan sinergitas antar Tagana se-Jawa Barat.
“Ku ayana sistematis nu alus, komo nepika sakomando éta mampu keur nanganan pencarian sarta penanggulangan bencana. Dipiharep ayana Rakor ieu téh, bisa ngajadikeun pembekalan keur para anggota Tagana,” pokna Rudi.
Disagedengeun éta, Ketua Forum Pengurangan Bencana Jawa Barat, Soma ngeceskeun, yén wilayah Jawa Barat aya tujuh gunung nu masih kénéh aktif jeung tilu sesar nu aktif, saperti sesar Balibis, Cimandiri jeung sesar Lembang.
“Sedengkeun tujuh gunung nu aktif éta téh diantarana Gunung Gedé, Gunung Salak, Gunung Gedé Pangrango, Gunung Ceremai, Gunung Tangkuban Perahu, Gunung Guntur, jeung Gunung Papandayan,” pokna.
Ku kituna mun nepika Tagana teu tanggap darurat dina hal méré informasi ka masarakat bakal kumaha jadina.
“Ku hal éta perluna peran Tagana kudu pangheulana dina ngemban tugas keur kapentingan masarakat ngarah ngarasa tenang mun informasi bencana nu akurat,” pokna Soma.


Harepan H. Muhammad Nur, yén tagana-tagana nu di daérah leuwih koordinasi sangkan tiasa paheuyeuk-heuyeuk gawé bareng anu rancagé dina pelayanan prima ka masarakat. 
Lain halna ceuk Perwakilan Tagana di Kabupatén Purwakarta, Ading Sudingrat. Inyana ngarasa reueus ku ayana rakor, malah mandar tiasa saling koordinasi mun nepika aya bencana anu parna tiasa aya bantuan ti Jabar ka lokasi bencana.*** Handa

Subscribe to receive free email updates: