KANDAGA BUDAYA SUNDA - ESSEY
YUDISTIRA MANUNGGAL RAHMANING HURIP
DALANG CILIK NU KAWENTAR
KA AWUN-AWUN
Warta Sunda Online,
Pangabisa
manusa mah tiap jelema tangtu béda-béda jeung kauletannana. Komo ieu dina dunya
padalangan. Dalang téh
henteu cukup ukur neuleuman élmu padalangannana baé, tapi kudu dibarengan ku élmu
pangaweruh umum (élmu pengetahuan umum) pikeun ngaronjatkeun ajén/mutu garapan
padalangan sangkan leubeut araheun, sugih petikeun nu lalajo téa.
Seni padalangan kudu
ngaronjatkeun mutu garapannana ku jalan inovasi/parubahan pikeun nyaimbangkeun
garapanna jeung kamajuan jaman. Ngan baé dina parubahan ulah nepi ka paribasa
“TUNGGUL DI RARUD CATANG DI RUMPAK”. Upamana ngawayang diiring ku orkes dangdut
komo jeung dijogedan mah, atawa hal-hal anu henteu pantes digelar dina
pagelaran wayang.
Nu dimaksud ngarobah padalangan téh
nyaéta, ningkatkeun ajén atawa mutu garapan ngadalangna diantarana anu tadi diterangkeun,
nyaéta ngadalang ulah ukur nyaritakeun jalanna
lalakon baé, tapi kudu dieusian ku rupa-rupa pangaweruh sangkan boga
daya tarik jeung aya mangfaatna kanu
lalajo.
Komo dina nyanghareupan abad milenia,
anu lalajo téh lolobana anu ngarora anu pamikirannana dumasar sacara rasional,
atawa nu kaharti ku akal jeung pikiran maranéhna. Tah lebah dieu para dalang
kudu bisa nyaimbangkeun antara garapan ngadalangna jeung daya pamikiran atawa
daya tangkap maranéhna. Sabab paéh hirupna seni padalangan dina waktu nu baris
datang, gumantung kana dukungan anu ngarora. Tegesna angkatan ngora téh kacida
dipikaharepna pikeun neruskeun karesep kaun dewasa jeung para sepuh kana seni padalangan.
Kukituna para dalang hususna,
dalang angkatan ngora kudu siap sayaga ti ayeuna kénéh, getol ngulik pangaweruh
boh lahir atawa batin jeung hal-hal
anu saluyu jeung kamajuan jaman.
MA SALMUN dina bukuna judul :
“PADALANGAN” netelakeun kieu : “Saparipolah wayang téh kudu dijiga-jiga,
disusurup kana semu, diudagkeun
kana wanda, sing
pantes sing ninggang ulah
sulaya tina ringkang”. Menengna nu ayem, nepi ka rikat
trangginasna nu perang kudu lir jalma hirup. Harempoyna nu mando, cedokna nu
nyembah, langgeorna nu keupat, gidigna nu rusuh, cileungna nu sieun jeung
berebetna nu lumpat porongosna nu ambek kudu nyeples kitu deui dina
ngigelkeunnana.
Naon anu diterangkeun ku MA SALMUN téh ku sabab wayang golek miboga
kaserbagunaan téa, bisa digerak-gerakkeun lir jalma hirup.
Lian ti éta dina ngawayang téh
masih aya kénéh syarat-syarat lianna saperti : Amardawalagu, Amardibasa,
Antawacana, Enges. Ari Amardawalagu nyaéta dalang kudu paham kana laras surupan
gambelan sangkan dina ngahaleuangkeun kakawen, nyandra, renggan, sendon luyu
jeung surupan gambelan.
Amardibasa nyaéta undak usuk
lemes kasarna basa kudu merenah nerapkeunnana, nurutkeun kapangkatan, saluhuren
sahandapeun, lian ti éta dialog kudu ngeusi ngandung harti.
Antawacana nyaéta ngabéda-béda
sora, lentong jeung pok-pokannana tokoh wayang luyu jeung karakter
masing-masing.
Enges hartina ngajiwaan adegan nu
digelar, ngahudang rasa panongton ku rupa-rupa kajadian saperti : pikasediheun,
tresna, narik birahi jeung sajabana. Banyol lucu heureuyna, ngandung harti tur
merenah dina tempatna. Satuluyna, tata wayang kudu merenah nurutkeun tingkatan
kapangkatan, saluhureun sahandapeun. Ogé nyabut wayang ulah dapon tapi kudu
tartib rapih. Kitu deui papakean ulah orowodol tapi kudu pantes luyu jeung
kaayaan medan pesta.
Nitenan ungkara di luhur éta téh,
dalang ngora nu kiwari geus makalangan nepika kungsi janten jawara di tingkat
Nasional téh wastana : YUDISTIR
MANUNGGAL RAHMANING HURIP. Dalang cilik nu nyuprih élmu ka Ki Dalang Asep
Sunandar Sunarya, tilu taun bulak-balik ka Jelekong Balé Éndah, Dayeuh Kolot
nepika jiga ayeuna geus biasa magelaran ngadalang.
Cép
Yudistira nu biasa disebat téh resep kana dunya dalang ti keur leutik kénéh, ti
kelas 5 SD pikeun ngamumulé seni budaya Sunda. Ku Bapana dipangmeserkeun wayang golek, harita wayang Si Cepot
jeung Dawala katut Gareng.
Ningali
kondisi nu janten murangkalihna, rama pameget ngadongdon ka Ki Dalang Asep
Sunandar Sunarya pikeun pangatikeun nu janten murangkalihna. Lami-kalamian, nya
Yudistira alit téh tiasa mintonkeun wayang golek dipayuneun ibu-ramana.
Nincak
sakola di SMPN 1 Purwakarta, geus moal bireuk nu wastana Yudistira téh cita-cita hoyong janten pulisi nu nyaah kana budaya, yén rerencangannana ngarasa reueus, De' Tira téh disakola salaku Dalang Cilik dipikameumeut. Padahal tina
kaélmuan padalangan téh arang langka nu tiasa janten dalang.
Kajaba kitu, De' Tira kalahiran Purwakarta, 19 September 2003, nu mikaresep kana tokoh BIMA nu filosofina Bima nu jujur tara ngabohong. pon kitu deui sok mintonkeun lalakon Jaya Perbangsa, Gatot Kaca Gugur, Mahabarata. De' Tira ogé ngarumaoskeun yén masih kénéh kirang dina élmu padalangan. Malah ningali ku kakurangan éta téh diajar dina YOUTUBE.
Pihak SMP
Negeri 1 Purwakarta Heri Wijaya, S.Pd, disakola aya aset dalang cilik. Kukituna,
dirina uar pangajak ka parasiswa pikeun nyontoan atanapi tiasa ngiringan jejak
De’ Tira nu biasa disebat ku barudak.
Pihak sakola
ngarasa bingah pisan ku ayana siswana kapinunjulan tina padalangan. Keur mah De’
Tira putra ti pasangan Kang Dedi Mulyadi sinareng garwana Hj. Anne Ratna
Mustika. Ibu ramana geus kakoncara ka awun-awun, pon kitu deui putrana (De’
Tira) sami mawon Dalang Cilik nu kawentar ka awun-awun. Ieu janten kabanggan
keur urang saréréa.
Ari A. Yogaswara
salaku juru atik na ogé ngiring bingah ku katiasana De’ Tira mintonkeun jeung
ngiring tandang dina Padalangan tur janten Juara Terbaik Dalang Bocah Tingkat Nasional dina bulan September 2018 nu kamari, nunjukeun
yén anak didikna tiasa mawa komara ka janapria, hususna Kabupatén Purwkarta
mibanda dalang cilik.***
Ku : @nto Sukanto