WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

ESSEY : Riak-Riak Sukasari Titisan Kuta Tandingan


Riak-Riak Sukasari
Titisan Kuta Tandingan

KOLOT-kolot baheula di Kabupatén Purwakarta, Karawang jeung Kabupatén Cianjur nalika nyaritakeun ka anak incuna yén kecap Kuta Tandingan téh tina kecap Kota nu teu aya tandingannana sa-alam jagat. Pon kitu deui mun Kuta Tandingan jadi ngadeg, tangtu Kota Jakarta rék tilem. Tapi ét mah ngan ukur carita kolot tibaheula nepika ayeuna.
Kajaba ti éta, yén Kuta Tandingan téh ngarupakeun leuweung titingal Karajaan Pajajaran nu keuna bencana alam nu maha dahsat. Di wewengkon Karawang, Purwakarta jeung Cianjur téh loba pisan tempat-tempat situs titingal Kerajaan Pajajaran nu harita dianggap masih kénéh mistis, tibatan hasil panalungtikan. Malah jadi daya tarik ti sakabéh elemen pikeun leuwih apal kana situs. Nurutkeun data ti Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disbudpar) Karawang, Purwakarta katut Cianjur, ayana situs Kuta Tandingan can dipalire. Tapi ayeuna mah geus katingali tarékah jeung patéahna dina ngamangpaatkeun sumber daya alam disabudeureun lembur antara Kabupatén Karawang, Purwakarta jeung Cianjur. Lantaran tilu kabupatén éta masih aya pakuat-pakait dulur sakocoran, baraya saeubrayan.
Sedengkeun nurutkeun Encum Nurhiayat yén lian ti carita mistina, Kuta Tandingan téh kiwari keur dititen ku Disbudpar Karawang. Kulantaran Kuta Tandingan ngarupakeun titingal karajaan leutik tina kakawasaan Raja Pajajaran nu disebat erajaan Kuta Tandingan Jaya nu harita dikawasaan ku Kertabumi III jeung dibantu ku patih Purnakut jeung Patih Mangkubumi sarta Panasihat Jaksa Imbang Kencana.
Dina mangsa runtagna Pajajaran (1579 M) Kuta Tandingan Jaya leupas ti Pajajaran nu langsung aya dina kakawasaam tentara Kesultann Banten nu dipingpin ku Syech Maulana Yusup nilik ti taun 1626 daérah Udug-udug dijhadikeun mrkas tentara Kesultanan Banten nu dipupuhuan ku Pager Gunung atawa Pangéran Puger. Kajaba kitu Udug-udug strategis tina lalu lintas perahu di Sungai Citarum pikeun makalangan jeung Sumedang Larang (Prabu Geusan Ulun) jeung Kerajaan Mataram nu dipingpin Sultan Agung.
Nitenan Kuta Tandingan lain saukur warisan ti zaman baheula, tapi ayeuna geus mucunghul saperti halna di wewengkon Kecamatan Sukasari, Kabupatén Purwakarta jadi obyek wisata nu éndah tur asri. Keur mah can terkontaminasi ku pangaruh sarupaning pabrik.
Sedengkeun situs Kuta Tandingan nu aya di aréa Perhutani 3 Jawa Barat dan Banten, KPH Purwakarta Asper Telukjambe aya di wewengkon gunung Sanggabuana nepika manjang ti Karawang nepika Purwakarta. Situs Kuta Tandingan téh ngawengku tujuh kuta nu diantarana: Kuta Kulambu, Kuta Pohaci, Kuta Masigit, Kuta Meriam, Kuta Jati, Kuta Barang, jeung Kuta Gombong. 
Banda titinggalan prasejarah, diantarana batu bergerek vertikal sarta horizontal, batu ampar, sumur tujuh jeung petilasan Pangéran Jaya Sampurna, salah saurang pengikut Prabu Siliwangi. Kajaba ti éta, Kuta Tandingan ngarupakeun tempat ibukota kerajaan Tarumanegara jeung Pajajaran. Pon kitu deui para ahli sejarah ku ayana carita éta téh masih perlu ngayakeun penelitian nu leuwih lanjut.
Nitenan kaayaan di Kabupatén Purwakarta hususna di Kecamatan Sukasari yén ngaran Kuta Tandingan téh, ceuk kolot baheula, dina paribasa Sunda “sadurung winara”. Numutkeun obrolan sapopoé kolot harita yén kaayaan Kuta Tandingan bakal jadi Ibu Kota Negara (Indonésia). Ayeuna geus katingal riak-riakna. Saperti halna tina urusan patalimarga.
Lima puluh taun kaayaan katukang Sukasari kasebutna daérah terisolir sa Purwakarta mah. Keur urusan patalimarga can dipaliré ku pamaréntah. Malah mandar nepika diwangun tilu jembatan nu ngahubungkeun antara lembur. Tilu jembatan éta téh diantarana Jembatan Cikanjayan, Jembatan Sukasari jeung Jembatan Ciririp.
Dina hal ieu mah ayeuna geus katingali yén kaayaan Sukasari nu aya dina lingkup Kuta Tandingan tina pangwangunan dua periodeu Bupati Purwakarta mingpin téh, patalimargana jalan leucir. Ngan tangtos can nepika unggal lembur jalan leucir téh.*** Anto

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "ESSEY : Riak-Riak Sukasari Titisan Kuta Tandingan"

Posting Komentar