WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MASYARAKAT ADAT DI KAMPUNG DUKUH

 MASYARAKAT ADAT DI KAMPUNG DUKUH,

GARUT


Assalamualaikum Wr Wb
Sampurasun.. 
Mugia Rahayu Sagung Dumadi 🙏🙏🙏


*MASYARAKAT ADAT DI KAMPUNG DUKUH*

Kampung Dukuh ngarupakeun désa nu suasana alam jeung tradisina teu leupas tina ajén-inajén budaya religi nu masih kénéh kuat. 



Kampung Dukuh nu lokasina di Désa Cijambé, Kecamatan Cikelet, Kabupatén Garut Jawa Barat. Masyarakat Kampung Dukuh masih ngajungjung keharmonisan jeung keselarasan hidup bermasyarakat. Nu masih nyoko kana paham tina pangaruh dina wujud bangunan di Kampung Dukuh teu maké dinding atawa témbok tur tanpa hateup kenteng sarta jandela kaca. 



Pola budayana ogé mangaruhan kana aspék non fisik saperti ritual budaya, diantarana: Ngahaturan Tuang. Kagiatan nu di lakukeun ku masyarakat adat di Kampung Dukuh atawa pangunjung ti luar mun aranjeunna boga paménta saperti keur kalancaran usaha, nikahkeun, jodoh, ku cara méré uyah, endog hayam, kalapa, domba, atawa barang/mahluk lainna jeung kamampuhan Nyanggakeun

Nyanggakeun minangka hiji kagiatan seserahan hasil pertanian ka kuncen keur kénging berkah. Kajaba kitu masarakat teu meunang ngadahar hasil tina panen éta saméméh di ritualkeu  kagiatan nyanggakeun téa. 

Tradisi nu saperti kitu téh masih tetep di lakukeun ku masarakat adat di Kampung Dukuh nepika ayeuna nyaéta Upacara Adat Maulid Nabi, Seren taun. Salian nu di luhur éta, masih aya sababaraha ritual nu séjénna di Kampung Dukuh saperti 1 Sawal, 10 Rayagung, 12 Maulid, jeung 10 Muharam. 

*R.M Zafar Soeriakartalegawa Kabid Pendataan Masyarakat Adat & Seni Tradisi MCKN Pajajaran Prov Jabar*

#MCKNPajajaranProvJabar
#KibarPajajaran


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MASYARAKAT ADAT DI KAMPUNG DUKUH"

Posting Komentar