WANGWANGAN NU KEUR ISOMAN
WANGWANGAN NU KEUR ISOMAN
Lamun isuk surat katampa
Rék geura-geura dibaca
Eusina kuring séhat teu sakara-kara
Teu katerap Covid nu ayeuna keur jadi mamala
Meureun haté bungah kacida
Sujud sukur ka Alloh Ajja wajalla
Pangheulana nu bakal narima warta
Ema nu geus ngadadago bari cumalimba
Sieun nu jadi anak meunang bahla
Ma......
Mangga geura tingali
Ieu serat ti pupuhu nagri
Nguningakun yén diri abdi
Teu katerap sasalad nu nyiliwuri
Awak séhat raga belejag
Pangdo’a ema nu teu elat-elat
Malangnengah, 6/9/2020
Téh Cinar
0 Response to "WANGWANGAN NU KEUR ISOMAN"
Posting Komentar