WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek

  SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek  Kepala Sakola nalika mulungan runtah di luar lingkungan SMPN 1 Purwakarta, bagian tina kegiatan ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Insan Pers Purwakarta, Diondang di Kodim 0619 Purwakarta

Keterangan Poto :
Insan Pers Purwakarta poto bareng jeung Dandim 0619 Purwakarta (Letkol Arm Krisrantau Hermawan, S.H., M.I.Pol.) katut Pasiter (Kapten Arm Wahyu Widodo).*

KODIM 0619 PWK – Warta Sunda Onliné,

Dandim 0619 Purwakarta, Letkol Arm Krisrantau Hermawan, S.H., M.I.Pol. ngondang para insan pers di kantor Kodim 0619 Purwakarta di lantey 2, poé Juma’ah (04/09/2020) dina raraga pikeun ngaraketkeun tali mimitiran jeung insan pers. Poma insan pers mah minangka anu leuwih ti heula dina méré informasi nu pakuat-pakait dina sagala hal, saperti halna di lingkungan Kodim 0619 Purwakarta, mun seug aya sosialisasi tangtu peran media ngawartakeun ka balaréa.

Dina Riungmungpulung éta,  Dandim 0619 Kabupatén Purwakarta miharep rojonganana ti insan pers. Lantaran sim kuring, sareng Kasdim tur Pasiter, nu kakarak ngajabat di Kodim 0619 Purwakarta sababaraha poé katukang.

“Pa Dandim dina temu wicara éta, miharep gawé bareng anu daria dina ngokolakeun program Kodim 0619 Purwakarta nu bakal datang, nu baris dipagelarkeun dina waktu deukeut,” pokna Letkol Arm Krisrantau Hermawan ka para insan pers.

Dandim 0619 Purwakarta (Letkol Arm Krisrantau Hermawan, S.H., M.I.Pol.).*


Malah mandar redaksi Warta Sunda Onliné / Warta Sunda Nusantara (média cetak) dipasihan waktuna pikeun masihan kamandangna. Nya teu kungsi lila, redaksi Warta Sunda Onliné / Warta Sunda Nusantara naroskeun pakuat-pakait program nu bakal dilaksanakeun dina waktu deukeut ieu. Saperti halna naroskeun widang seni budaya yén Purwakarta nu mangpirang-pirang seni budaya, contona ngeunaan virtual seni budaya dina upaya kaayaan sasalad pandemi covid-19 tiasa minton sacara virtual.

Kasdim 0619 Purwakarta (Mayor Inf Dedi R).*

Dina waleran Pa Dandim, “Inyana ngiring bingah ku ayana patarosan seni budaya, malah mandar ngaapresiasi yén Purwakarta kota budaya, sakedahna seni budaya dironjatkeun deui, sok sanajan sasalad covid-19 teu acan sirna, saran virtual éta, mugia tiasa tinekanan kalayan daria, pokna Letkol Arm Krisrantau Hermawan ngeceskeun ka Warta Sunda Onliné / Warta Sunda Nusantara.***

Tolib Mubarok/Anto/Red.


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Insan Pers Purwakarta, Diondang di Kodim 0619 Purwakarta"

Posting Komentar