Siksa Kanda Ng karesian - Bagean ka 1
Siksa Kanda Ng karesian
( ᮞᮀᮠᮡᮀ ᮞᮤᮊ᮪ᮞ ᮊᮔ᮪ᮓ ᮍ᮪ ᮊᮛᮨᮞᮤᮃᮔ᮪)
Bagean ka 1
Siksa Kanda Ng karesian
Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian
Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian diserat Dina taun 1518 M, ngagunakeun aksara sareng basa Sunda kuno Kiwari disimpen di perpustakaan nasional ( Kropak 630.)
Naskah ieu mangrupakeun Salah sahiji naskah Sunda kuna titinggal Karajaan Sunda Galuh Anu eusina ngenaan Aturan2 hirup pikeun Urang Sunda Di Jaman karajaan Sunda Galuh jeung Pajajaran ( Kundangeun Urang Rea ) :
Eusina :
1. Ndah nihan warahakna sang sadu, de sang mamet hayu. Hana sanghyang siksakandang karesian ngaranya, kayatnakna wong sakabeh. Nihan ujar sang sadu ngagelarkeun sanghyang siksakandang karesian. (ieu nu dek diajarkeun Ku sang budiman pikeun maranehna Anu neangan kabagjaan.
( aya (ajaran) Anu ngarana sanghiyang siksakandang karesian pikeun cekelan Urang kabeh . ieu ceuk sang Budiman ngajentrekeun sanghiyang siksakandang karesian.)
Ini sanghyang dasa kreta kundangeun urang reya. Asing nu dek na(n)jeurkeun sasana kreta pakeuneun heubeul hirup, heubeul nyewa na, jadiyan kuras. jadiyan tahun, deugdeug ta(n)jeur jaya prang, Nyewana na urang reya.
(ieu sanghiyang dasa kreta pikeun cekeleun urang kabeh. Sing saha anu dek nanjeurkeun sasana kasajahteraan supaya bisa lila hirup, (di dunya). Junun dina iinguan junun dina tatani unggul dina prang, sumberna Aya dina jalma rea .)
Catetan :
Dasa kreta =10 kasejahteraan nyaeta kasejahteraan anu kacekel kulantaran kamampuan ngajaga 10 sumber nafsu.
Ini byakta sanghyang dasa kreta ngaranya, kalangkang dasa sila, maya-maya sanghyang dasa marga, kapretyaksaan dasa indriya na-keun ngretakeun bumi lamba di bumi tan parek.
(Ieu nyatana anu disebut sanghiyang dasa kreta. Bayang-bayang dasa sila, maya-maya sanghiyang dasa marga, diwujudkeun tina dasa indera pikeun nyajahterakeun dunya kahirupan di dunya anu lega .)
Catetan :
Maya-maya : bayang-bayang anu samar.
Tan parek : sabenarna Hartina : teu deukeut, jauh.
Ini pakeun urang ngretakeun bumi lamba, caang jalan, panjang tajur, paka pridana, linyih pipir, caang buruan. Anggeus ma imah kaeusi, leuit kaeusi, paranje kaeusi, huma kaomean, sadapan karaksa, palana ta hurip, sowe waras, nyewana sama wong (sa)rat. Sangkilang di lamba, trena taru lata galuma, hejo lembok tumuwuh sarba pala wo(h)wohan, dadi na hujan, landung tahun, tumuwuh daek, maka hurip na urang reya. Inya eta sanghyang sasana kreta di lamba nga-rana.
(Ieu (jalan) pikeun urang nyejahterakeun dunya kahirupan, bersih jalan, subur pepelakan, cukup pakean, bersih buruan tukang, bersih buruan imah. Lamun hasil imah kaeusian, lumbung kaeusian. kandang hayam kaeusian, kebon kaurus , sadapen kapihara, Lila hirup . Tetep walagri. sumberna aya di manusa sadunya. Sakabeh anu ngadukung Kahirupan ; jukut, tatangkalan, anu ngarambat. Pepelakan, hejo subur hirupna sagala macem buah-buahan, loba hujan, tatangkalan jarangkung kulantaran subur hirupna, mere Kahirupan ka loba jalma . Nya eta (sanghiyang) sarana kasajahteraan Dina Kahirupan ngarana.)
Catetan :
Paka pridana : asaln tina : paka = ngabogaan Jeung paridhana = anggoan
Sowe : hartina lami/lila.
Ini sanghyang dasa kreta nu dipajarkeun kalangkang sanghyang dasa sila, ya maya-maya sanghyang dasa marga ta, kapretyaksaan na dasa indriya. Ini byakta: ceuli ulah barang denge mo ma nu sieup didenge kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na iunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama ti pang-reungou. Mata ulah barang deuleu mo ma nu sieup dideuleu kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama ning deuleu. Kuril ulah dipake gulang-gasehan, ku panas ku tiis, kenana dora bancana, sangkan nemu mala na Iunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti kulit. Letah ulah salah nu dirasakeun kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh tuama bijilna ti letah. Irung ulah salah ambeu kenana dora bancana. sangkan urang nemu mala na lunas papa.
Hartina :
(Ieu sanghiyang dasa kreta anu disebutkeun salaku bayang-bayang sanghiyang dasa sila, nya maya-maya sanghiyang dasa marga. Diwujudkeun tina dasa indera. Ieu nyatana ceuli ulah dipake ngadengekeun anu teu pantes didengekeun kulantaran bisa ngajadikeun panto bancana, anu nyababkeun urang meunang kacilakaan di handapeun kanistaan naraka; tapi lamun ceuli kapihara, urang dek menangkeun kautamaan Dina dedengean .
Mata ulah sambarangan ninggali anu teu pantes ditinggali kulantaran ngajadikeun panton bancana, anu nyababkeun urang meunang kacilakaan cilaka di handapeun kanistaan naraka; tapi lamu Panin kapiara , urang bakal meunangkeun kautamaan Dina titinggalian .
Kulit ulah dihariwangkeun kulantaran panas atawa ti'is sabab ngajadikeun panto bancana, anu nyababkeun urang meunang kacilakaan di handapeun kanistaan naraka; tapi lamun kulit kapiara, urang bakal meunangkeun kautamaan anu
asalna Tina kulit. Letah ulah salah kecap kulantaran jadi lawang bancana, anu nyababkeun urg meunang cilaka di handapeun kanistaan naraka; tapi lamun letah kapiara, urang bakal meunangkeun kautamaan anu asalna tina letah. Irung ulah salah ngambuan kulantaran jadi lawangna bancana anu nyababkeun urang meunang kacilaka ti dasar kanistaan)
Hanca
0 Response to "Siksa Kanda Ng karesian - Bagean ka 1 "
Posting Komentar