WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MUTIARA ISLAMI : SARAT SUPADOS JANTEN PIUNGGUL - Ku: Ani Herliani

*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*

*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*


SARAT SUPADOS JANTEN PIUNGGUL

Ku: Ani Herliani

S

adaya jalmi tangtos palay janten piunggul, utamina janten piunggul numutkeun Alloh Subhanahu Wata'ala. Margi upami janten piunggul numutkeun Mantenna, bakal kénging kabagjaan di dunya sareng di ahérat.
Kedah kumaha supados urang tiasa janten piunggul?

Alloh Subhanahu Wata'ala midawuh,

*يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا*
*يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ ۗ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا*

*"Héy jalma-jalma nu ariman, poma aranjeun kudu takwa ka Alloh jeung poma kudu nyarita caritaan anu bener. Pasti Alloh bakal ngoméan amalan-amalan aranjeun tur ngahampura dosa-dosa aranjeun. Jeung singsaha jalma anu taat ka Alloh jeung Rosul-Na, séstuna manéhna geus nyangking kaunggulan anu tohaga."* (Al-Ahzab ayat 70-71)

Numutkeun pidawuh Alloh dina éta ayat, anu janten sarat supados urang janten piunggul téh, nyaéta:

1. Takwa : ngalaksanakeun paréntah Alloh, nebihan anu dipahing ku Mantenna.

2. Nyarios anu leres : teu bohong, teu nyasabkeun, teu kasar, teu mitnah, teu ngahina, tur teu pikanyerieun batur.

Upami parantos kitu Alloh bakal ngabantos ngalereskeun amalan-amalan urang tur ngahapunten kalepatan urang.

3. Taat ka Alloh sareng ka Rosul-Na.

Éta anu janten sarat ngahontal kaunggulan numutkeun Alloh. Mugia urang teu weléh ngajagi iman sareng takwa urang, ngajagi cariosan urang, tur teu weléh tumut ka Alloh sareng ka Rosul-Na, supados urang janten jalmi anu unggul, anu bagja di dunya sareng di ahérat.

*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*

*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MUTIARA ISLAMI : SARAT SUPADOS JANTEN PIUNGGUL - Ku: Ani Herliani"

Posting Komentar