Fikmin # Nasib #
Ilustrasi dina intérnet.*
Geus sabulan di lembur matuh meunang cuti ti dunungan di Hong-Kong. Imah gedong. Sawah upluk-aplak balas digawé. Emas reuteum pon kitu deui kebon.
"Bu aya pakét ka Kowloon" aya WA asup. "Tiket pesawat saperti biasa kelas bisnis ogé bekel dibayar sakieu rewu dollar". Kuring bungah. Impian meuli apartmen bakal kalaksanakeun. "Okey no problem. That's my dream" jawab kuring sumanget.
Manuk beusi ngabelesat meulah méga. Ngajomantara ninggalkeun buana. Opat jam ngalayang siga heulang bari ngitung duit nu bakal kapiboga.
Wanci subuh manuk beusi nepi ka nu dijugjug. Pakét titipan dikeukeupan. Opat léngkah asup ka rohangan bandara. "You are arrested. Sabab anjeun mawa obat nu ngarusak manusa" cek hiji jalma saragam polisi. Kalangkang apartmen ilang ngahiang taya nu sésa.
(Dedi Budiman Hakim )
0 Response to "Fikmin # Nasib # "
Posting Komentar