Ilang Mobil Avanza Nopol T 1315 AG
Nopol T 1315 AG
Leungit di Gondol Maling
CIBATU – Warta Sunda Onlié,
P
|
OÉ Ahad di Kampung Ciparungsari Désa Ciparungsari,
Kecamatan Cibatu, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia atas nami Sugandi
(Kepala SDN Ciparungsari, Cibatu, di bumina leungit mobil Avanza No. Polisi T
1315 AG.
Kajadian kinten-kinten 02.00
dugika 04.30 WIB, mobil digondol maling.
Padahal saméméhna teu aya
pirasat atawa jalma nu mencurigakan. Tapi geus nasib, eta mobil avanza téh,
dipikabutuh ku maling.
Dina hal ieu, Sugandi neda
pidu’ana sangkan mobil milikna tiasa kapendak kalayan weuteuh. Ku kituna ieu
bewara mugia, ka sakadang wargi Baraga Warta Sunda Onliné, upami dijalan ningal
mobil avanza hideung, lapor ka sim kuring ka No.HP : 087 828 100 185, atawa
tiasa share ieu warta. Kitu ceuk Dasuki
Amin.
0 Response to "Ilang Mobil Avanza Nopol T 1315 AG"
Posting Komentar