WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ijazah Fisik Dihapus Diganti E-Ijazah Mulai 2025: Ini 6 Alasan Penting Kenapa Harus Diterapkan!

  Seiring berjalannya waktu dan perkembangan teknologi, pemerintah mengambil langkah besar dalam sistem administrasi pendidikan dengan mempe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Rangkuman Share-an

Tina puluhan iber nu katarima ngaeunaan sasalad covid 19 (meni jadi ras ka Déwa 19). Kacatet hal-hal nu mangfaat ..


1. Moyan téh wajib keur nyéhatkeun, ngusir virus nu napel dina awak.  Waktu panghadéna jam  09.00-10.00 .
Ulah  satengah genep. Eta mah meuruen waktuna dahar sorabi jeung kasréng.

2.  Loba nginum cihaneut, lain cingagolak. pokona cai nu bisa nyeureud tikoro. Pan cenah virus bakal pupus ku nu kitu.  Usahakeun tikoro ulah tuhureun . Satengah jam sakali guguntur ku cai. Naha cai sop, cai asak herang, cai téh, ulah pisan mah ku cai panon, bisi stokna séép.

3. Kuatan awak ku vitamin C, vitamin E. Trikna mah ka apotek pilari vitamin nu lengkep  tapi harga daméy. Mun aya tangkal jambu batu tatanga leubeut. Kaci diala . Asal dianyah nuju di Belanda.  😁

4. Kokocok ku sabun , ulah ukur cai da apan si virus téh aya partikel lemakna cenah. Sabun mandi, sabun seuseuh  sabun cuci piring. Bébas.  Saur pakarna, virus mah teu tiasa hirup hepi hepi di udara. Jadi kedah aya media. Tiasa nempel dina kudung, rambut, pangpangna dina tempat nu baseuh. Beuki panas beuki garing, si virus bakal jejeritan teu kuateun. Ngan ulah manjur karep ku cingagolak atanpi ngelas karep.

5.  Daek teu daék. najan masker jeung sanitizer langka di pasaran , katambah  teu bisa dijadikeun jaminan siga BPKB. Tapi yakin  bakal nambah rasa tenang. Kreatip we ngadamel olangan. Kelebet disiinspektan kanggo nyemprot apapun . Campuran  dua sendok wipol, 5 sendok cairan pangepél pleus dua séndok  pemutih diaduk sareng cai saliter. Lebetkeun kana semprotan . Aya carana dina youtube. Semprot pager, korsi , lanté, mobil, gagang panto dll , nu ulah mah nyemprot carogé / bojo nu nembé jol ti padamelan.

6.  Olah raga , najan ulah ka luar ti imah. Tapi lain hartina bobo, mamam, ngagares, nongton . Senam wéh gutak gitek tina  youtube .  Atawa ngepél sasapu lima balikan mah. Salian ti beresih pasti bakal karingetan.

7. Nimbun dahareun dina kulkas. Sok balanja sayur sapuluh rupa mah, kumbah plastikan.  Tahu témpé , endog daging . Mi goréng, mi godog. Camilan . Mun budak loba jeung tukang memamah biak wayahna nyadiaan nu rentengan ti grosir . Pan sakola jarak jauh, jaba loba tugas. Barudak téh sina bahagia dibalik rasa hariwang . Minimal mereka téh asa keur ulangan tapi bari bisa noong kantin.   Jebol dompét? Tangtos. Kumaha deui.  Pokona pinter pinter ngokolakeun budget minimal hasil maksimal . Hésé nya. Saaamiii.

8  Mun tos ti luar, gancang salin, acuk seueuh. Ulah waka gogoléran. Komo nangkeupan pangeusi imah.  Mun bisa mah mandi.  Matakna
ulah remen teuing ka luar ti imah teh kitu, capé nyeuseuh.

9. Ulah hayang ruang riung. Sarebu kali sono atawa boga solmet nu biasa ngarumpi. Wayahna tahan.  video call grup bisa jadi solusi. Wayahna jajan kuota rada kerep .

10.  Stop patarema leungeun, pipi, komo biwir. Beuh , apaan ka sobat , ka dulur atawa ka kolot ? sababaraha kali sok aya nu maksa nyodorkeun leungeun, nya wayahna kudu kokocok. Ulah langsung nyeuhil.
Wayahna wayahnaaaaa .

11. . Saha waé ge bisa keuna ku virus ieu bari ngarasa baik baik sajah. Ngan salila patlas poé imun dina awak urang papuket ngalawan. Lamun meunang, hartina good job body. Pentingna kadaharan séhat saimbang pleus ningkatkeun imun téh pikeun mantuan nu papuket gelut dina awak.

12.  Aya tés nu bisa dipaké naha awak urang aya gejala atawa henteu. Loba dishare ti unggal WAG, cobaan .

13. Ulah hayoh wae ngobrolkeun gawatna penyebaran ieu sasalad. Sabab bisa setress kana pikiran. Jadi pikeun nyaimbangkeun , nongton  live streaming tausyiah nu lucu, film karesep, maca nu matak kéom. Pokona hal hal positip nu bisa membuat selow kana haté jeung rasa . Imun bisa runtuh lamun urang loba teuing kahariwang . Panik ,  jadi aasaeun. Asa nyeri tikoro asa panas tiris asa itu asa ieu.

14.  Ka nu kapaksa ka luar alatan kasab, wayahna tambahan asupan vitamin. Dahar ku gizi saimbang. Masker, sarung tangan karet  nu duarebuan, atawa sarung tangan plastik, jas hujan nu siga kantong keresek bisi kapépét  kudu pasesedek.  Jaga diri dan banyak berdunga.

16, 17  dst masih ngabring share na . Abdi badé saré 😁

Sing séhat ka sadayana . Ngadunga setiap saat. Pangpentingna mah ketang ulah gaduh émutan pleus manah goréng ka sasama. Ka tatangga, ka mitoha, ka nagara,  lega haté ogé ngabantos pisan kana peningkatan imun. Suwer ih   🙏🙏🙏

(Lely M)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Rangkuman Share-an"

Posting Komentar